Sabtu, 04 April 2015

TEU KABURU BALAKA



Rupa-rupa sipat manusa, tur hese neuleumanana. Kawas ceuk paribasa sajerona ge, laut beunang keneh diteuleuman, tapi jerona hate homo kaukur.
Dulur misan ka manehna teh, putri Bibi ti Indung. Ari kuring disambat ku Bibi. Basa Bapa tilar dunya. Harita sakola kakara kelas tilu SMP. Basa lulus ti SMA, disambat ku anjeuna rek sena kuliah. Malah kuring di bayuan sagala-gala nateh, keur kuliah oge ngahaja dipangmeulikeun motor anyar. Kawantu anjeuna nu pangbeungharna di antara putra Nini jeung Aki teh, katambah balabah deuih. Meh kabeh suan nu teu mampuh dibantuan biaya kuliahna. Saurna kabeh putu Nini kudu jadi sarjana, ulah aya nu nganggur.
Ari Nini teh kagungan putra lima, istrina opat, pameget saurang. Meh kabeh hirupna cukup, tapi angger pangbeunghar namah Uwa. Ari indung kuring beunang disebut pangbuntitna. Bapa saukur padamel biasa, ngan gajihna ge ngan sakadar maraban anak pamajikan. Basa pupus teh ngantunkeun anak anu mareujeuhna sakolakeuneun. Kawantu sanes PNS. Nya ku Uwa pasangon Bapa di jeujeuhkeun, ditambahan keur ngadamel wawarungan. Malah daganganana dipepekeun ku Uwa.
Estu saayana ti dunya Ibu ngabayuan kulawarga. Nu matak basa kuring kudu kuliah, salulusna ti SMA, Ibu boboleh. Komo harita mah nu ngawarung di kompleks kuring teh dug deg, ngalobaan. Ku Uwa disanggeman. Anjeuna kersa ngabiayaan kuring asal jadi sarjana. Hadena kuring lulus ujan masuk PTN, jadi waragad ka kuliah teh, murah. Komo salila kuring meunang beasiswa noron salam tilu taun mah. Lain kuring wae putra rai anu dibiayaan teh, putra bibi jeung Emang ge sarua. Ngan kuring mah dihiap kudu sabumi, da Uwa keueung Putrana tiluanana kuliah di luar negeri.
Sakitu nu cikal geus beres tur mulang deui ka dieu, angger kuring mah kudu calik di bumi Uwa. Karunya saurna Ibu bisi beurat teung ngabayuan  dulur kuring anu dua deui. Kuring nurut wae. Ongkoh geus nyaah ayeunamah ka ua teh, salain ti hormat. Komo basa ua pameget katarajang stroke ringan, Uwa teh kacida butuhna ku kuring. Malah basa kuring geus beres kuliah ge (tilu taun setengah) angger teu kenging pindah. Nepi ka misan kuring nu awewe mulang.
Uwa nyarios cenah kapilanceuk kuring teh bakal mulang da geus beres kuliahna. Ari tepung mah mindeng, ngan keur papada budak. Geus rumaja mah ku lantaran Uwa pameget saterusna dines di luar negri, jadi aranglangka tepung. Panggih-panggih deui Uwa pameget tos pangsiun. Anjeuna ngalih deui kadieu. Tapi putra-putrana kagok keur sakola jeung kuliah. Dua taun ti harita kakara kabeh baralik. Ukur sababaraha taun di dieu nateh, da terus karuliah deui tiditu. Jadi tepung jeung si Teteh teh aranglangka pisan.
Kuring kudu marengan Uwa istri mapag ka bandara, da supirna jajap Uwa pameget ka rumah sakit. Aneh, basa patepung hate asa ngageter. Apan itu teh kapilanceuk, naha make surser sagala. Kitu deui Teteh asa katenjo bareureum. Teuing meurun padah katirisan salila di pasawat. Tapi asa semu kagok deuih. Asa kabedil langit, mungaran amprok teh. Keur budak mah atuda meuni gendut, panon bolotot, buukna rintit. Ari ayeuna ngajenggelek jadi mojang lenjang, panon cureuleuk, buukna galing muntang. Pajar teh cenah manehna ge pangling kuring jadi jangkung jeung kumisan. Peuting diayakeun pesta leutik, ngabageyakeun nu mulih ka pakandangan.
Poe-poe saterusna kuring jeung manehna mindeng babarengan. Unggal poe teh aya wae kaperluanana. Si Teteh rek tunangan jeung kang B, babaturan kuliahna ti luar negri, sarua pada-pada pengusaha jeung babaturan sakantor Bapana. Ceuk si Teteh ge bubuhan we keur munggaran cicing tiditu, taya deui batur iwal manehna. Teuing ka mana maksudna. Ngan ku kuring di curahanana, teu bogoh-bogoh teung ngan remen tepung wae.
Kuring ngarasa cinta teh hente nogencang, basa hiji mangsa manehna curhat.
Cenah kabogoh nateh bageur pisan, tapi heunteu cocok jeung karakter nu tukang protes. Manehnamah hayang boga salaki teh hayang nu bageur tapi lain elehan. Lalaki nu jantan. Tanggung jawab ka kulawarga, tapi ulah daek dijajah ku pamajikan. Naon maksudna make curhat sagala. Basa saterusna nanyakeun naha kuring geus boga tetenjoan atawa acan, ku kuring dijawab acan, bangun atoheun. Da make seuri sagala. Cenah naha atuh “hari gini belum punya pacar?”.
Lantaran hate mimiti tagiwur, kuring neangan alesan pikeun pindah ti imah Uwa. Lumayan hararese, da Uwa keukeuh hoyong dibaturan ku kuring. Padahal putra duanana geus mulang. Nu saurang sataun deui cenah. Pajar teh kuring bisa diajak pakumaha jeung Uwa. Malah ku Uwa didongengkeun boh taman boh interior bumina lolobana meunang ngatur kuring. Si Teteh mani muji. Basa Uwa nyebutkeun kuring lalaki nu boga sikep, si Teteh nyebutkeun bagus. Tah cenahmTeteh ge hayang boga salaki teh kanu kitu. Kuring reUwas. Geus kitu mah maksakeun nyingkah. Sieun kaburu geer, padahal itunamah teu kitu kieu.
Ku lantaran alesana rek maturan Ibu, kuring ahirna di idinan pindah ti bumi Uwa. Ibu teh taya pisan nu ngarencangan. Mangka wawarungan ge kudu di tungguan. Adi nu awewe geus dibawa ku salakina. Ari hiji deui riweuh ku urusan gawe. Saur Uwa enya atuh jig wae. Tadinamah kalah indung kuring nu disambat ngalih, ngarah angger padeukeut. Tapi Ibu henteu kersaeun, bisi karagokeun. Heug adi keur kakandungan, moal lila aya incu.
Si Teteh remen menta dianteur ka mana wae. Kuring teu bisa baha, pejeuhma aya hate kadua leutik, katurug-turug asa kahutangan budi ku Uwa, Ibuna Teteh. Tapi salila babarengan taya sakecap ge nu ngaharib harib kana cinta. Sok komo sikep mah. Kaciri Teteh teh ngajaga image. Kalah kumaha ge kuring ge adina. Basa geus santek ka waktuna tunangan, kuring beuki remen nganteur barang beuli. Malah ayeunamah sareung Uwa. Aneh, basa Teteh tunangan, kuring teu sanggup hadir. Hadena aya wawancara ti kantor. Kuring ditarima di salah sahiji kantor swasta. Uwa ge ngama’lum. Kitu deui si Teteh. Padahal saeunyanamah teu kudu kitu, da wawancara mah ukur sajam. Saterusnamah kuring hayang neangan panglumpatan. Teu beunang dibendung panas hate teh. Dicoba dibangbalarkeun, hese pisan, tapi jol deui kasadaran, ieu teh lanceuk maneh. Indungna nu nyakolakeun, ku teu boga cedo, ceuk hate soteh. Basa Teteh ditarima gawe di Jakarta, kuring nganteurkeun ka bandara. Ti ditu anjeuna nga-sms, cenah jeung tunanganana putus, lantaran manehna salingkuh. Boro atoh, ari pek teh rek nikah jeung tilas kabogohna bareto mangsa kuliah keneh. Hadena can kaburu balaka. Mun tea mah, tada teung erana.

source. GALURA

Tidak ada komentar:

Posting Komentar