Jumat, 03 April 2015

BATI SABAR NUNGGUAN




Najan dipisahkeun ku lautan, tariking jodo moal burung tepung. Ceuk paribasa Indonesia asam digunung garam dilautan bertemu dalam belanga.
Pajar cenah hahadean keur SMP mah kaasupna kana cinta monyet. Teuing naon anu disebut cinta monyet teh, saenyana. Aya nyebutkeun bogoh budak, anu dina waktu samporet ge bakal leungit. Ku naon dipapandekeun kana monyet. Teu apal deuih jujutanana. Da asa can ngadenge aya cinta biruang atawa cinta sato sejenna. Keun bae da lain rek ngabahas sesebutan eta. Kuring mah ngan rek nyaritakeun pangalaman yen nu disebut cinta monyet ge bisa daria.
Mimitinama tina dijangjaruhkeun. Basa naek ka kelas tilu SMP teh ku Ibu Guru, barudak kudu sabangku jeung nu lain muhrim budak awewe kudu sabangku jeung budak lalaki. Cenah meh ngarah teu balangor keur barudak lalaki, jeung ngarah teu ngobrol jeungeun barudak awewe. Enyaan da sabangku jeung budak lalaki mah, boro-boro hayang ngobrol, teu resep. Ambek we nu aya. Kitu deui budak lalaki heunteu balangor, da taya layan meureunan.
Ngan eta diluareun kelas jadi di jangjaruhkeun. Acan ari bogoh mah, da teu ngarti. Ngan ari resepmah geus aya. Ristam teh kasep. Awakna jangkung jeung dedeg. Kuring resep teh ku sopanna. Sugan sok cunihin atawa deleka. Estu bageur liwat saking. Komo mun dibandingkeun jeung budk lalaki umumna mah. Di kelas ge seregp ngabandungan guru.
Taya kecap nu ngaharib-harib kana cinta, najan ari silireret mah mindeng. Ngan basa perpisahan lulusan kelas kuring, aya rasa sedih. Ari manehna mah biasa wae tara riuk-riuk nineung. Kalah terus ngiluan silih banjur ku ci balong. Tapi make nyekel kana leungeun lila naker. Teu disangka ngeupeulkeun kertas saciwir kana leungeun. Basa dibuka,  ngan aya sakecap I Like You cenah.
Tepung deui basa aya pertandingan basket antar SMA. Manehna asup kana SMA anu teu sarua jeung kuring. Anu dipilih teh sakola anu pangdeukeutna ti imah. Lantaran manehna mah ayana diluhur, milih sakolana ge diluhur (utara). Ari kuring sabalikan. Harita kakara kelas dua.
Basa tepung ge manehna anu miheulaan nanya. Pangling atuda meuni asa beuki jangkung jeung kasep. Tapi geuning lungguh namah angger teu robah. Cenah manehna asup ka kelas IPA ari kuring ka IPS. Harita sakola manehna meunang. Balikna manehna nawaran bisi rek bareng. Kuring henteu baha, milu ngabonceng kana motorna. Ti harita manehna jadi mindeng nganjang. Ngan basa geus deukeut ka ujian, rada arang nganjangna. Boh kuring boh manehna papada sibuk ngapalkeun, da sieun teu lulus.
Kecap cinta mimiti ka ucap basa geus lulus SMA. Malah lain wungkul samet.
Sislibeungkeut kaasih, tapi geus tepi kana janji hayang hirup ngahiji. Manehna mah ngilu ujian masuk perguruan tinggi. Ari kuring mah henteu. Saperkara lantaran teu kaerong lantaran timana piwaragadeunana, kaduana asa geus teu pati hayang mikirkeun pelajaran teh. Kuring mah milih digawe. Papada aya milik, kuring ditarima di hiji mal, jadi pramuria, ari manehna katarima jadi mahasiswa di hiji perguruan tinggi negri. Hubungan beuki serius.
Menahna jangji bakal ngalamar tunangan teh lamun geus lulus jadi sarjana. Ari kawin mah mun geus meunang pagawean. Kuring jangji bakal nungguan, tepi ka iraha wae oge. Jangji bakal saati hirup babarengan, dipatri malah dititi mangasaan. Keur mah pinter katambah tambah aya dorongan hayang geura anggeus, manehna nyokot semester pendek. Hasilna kuliah anggeus tilu taun setengah, tur hasilna matak sugema, cumlaude.
Henteu hese deuih meungang gawe teh, ngan edas, jero dua taun kudud kuliah heula diluar negri, disakolakeun ku perusahaan tempatna digawe. Kuring kudu nungguan deui wae. Tapi ku kakuatan cinta, kuring nyanggupan. Dua taun memang lila, tapi keur nungguan nu dipikacinta, naon hartina? Pikeun ngareug reugan, manehna ngalamar kuring, tapi ngan samet tunangan heula wae. Jaga mulang tiditu, rek terus kawin. Kuring terus setia nungguan.
Abong sipat manusa, sok keuna ku owah gingsir. Psabulaneun deui ka beres, maenehna mopoyankeun yen kudu memperpanjang kuliahna setengah taun deui. Kuring teu bisa kumaha. Tapi manehna nyelang heula balik da aya pere panjang. Nu diajam rek sosonoan pinuh kageugeut, kalah guyang dina cipanon. Manehna menta dihampura lantaran kaasup setan. Cenah mulang ti pesta perpisahan kajadianana teh. Aya mojang, sarua keur ngumbara. Mimitinamah ukur wawuhan, lila lila sok mindeung reujeung di perpustakaan. Tapi dina peuting perpisahan, maranehna kaasup setan, ku ngalakukeun hal anu teu dihalalkeun ku agama. Tapi kajadian sakali teh aya matakna. Kuring menta putus.
Manehna sasadu bari ceurik, ulah menta putus, pokna. Cenah manehna kacida cintana ka kuring, tur jangji bakal jadi salaki pamajikan saumur hirupna. Eta mah kacilakaan, anu henteu direncanakeun. Manehna meunang bebendon, awewe teh kakandungan. Maranehna jangji sabada budak lahir, rek papisah deui. Manehna balik tiheula ari awewena diditu keneh.
Takdir teu meunang dipungkir. Basa kuring kakara sataun kawin, aya beja, cenah salaki kudu gancang ka lembur eta awewe, da geus balik ti luar negrina. Budak teh rek dipasrahkeun ka salaki, lantaran manehna katarajang kasakit anu moal beunang di ubar-aber. Salaki ngajakan kuring miang ka ditu. Enyaan manehna teh keur humarurung wae di enggon. Manehna menta dihampura, lantaran cenah harita geus kaasup setan. Budak dirawu dipangku, da rupana mani kawas beubeulahan terong jeung salaki.
Salaki kacida nganuhunkeunana ka kuring nu geus ngahampura. Bati nungguan teh ayeuna geus sakola di TK kecil. Malah geus boga adi awewe, kakara diajar leumpang. Kanyaah kuring ka eta budak teu beda jeung ka anak sorangan. Atuda duanana rupana ngala ka salaki, moal disaha-saha, da enyaan adi lanceuk teges. Komo basa eta budak basa kakara diajar nangtung, datang beja cenah indungna talar dunya, kuring beuki nyaah wae.
Source. GALURA

Tidak ada komentar:

Posting Komentar