Selasa, 24 Maret 2015

KUBURAN (Trisna Mansur)



Kajurung tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Den Haji Darmawan, teu tebih ti rorompokna. Pribumi kasampak nuju aya ditengah , ngabaheuay mayunan meja alit.
“kaleresan, Ki! Nyai Haji, cing sapiring deui kadieu!” saurna. Teu kungsi lila golosor sangu ketan sapiring sareng kari hayam ngebul keneh. Lajeng weh ngahenggoy, teu mindoan dimanggakeun.
“saban Aki ka dieu, kaleresan aya weh tuangeun. Iraha keleresan teu ayana, Den?” saur Aki Uki bari ngalemetan remeh. Nu di alem akon-akon teu ngadangu. Kalah tumaros.
“aya naon, Ki? Tambihan deui?”
“tos cekap, Den,” saur Aki Uki. “biasa we Den, Aki teh peryogi ku padamelan, da kedah neda Aki teh yeuh!”
“Ki, kanggo neda nyaliraeun, mah kadieu we. Teu kedah barang damel sagala.”
“sanes nampik kana pangangken, Raden. Aki mah hayang kenging ngesang we.”
“teu langkung Aki, upami kitu mah. Padamelan naon, nya? Euh, itu we ki, kuburan tea kali deui. Teu aya nu sanes deui mah!”
“kuburan?” saur Aki Uki heran.
“kieu, Ki, riwayatna teh. Kapungkur waktos Aki ngali anu ngawitan, eta teh saparentos abi kenging katerangan di hiji ustad yen urang teh salamina kedah emut kana maot. Di antawisna nyadiakeun kuburan. Lajeng abdi miwarang Aki ngali eta lombang.”
“muhun, Den. Nanging ku Aden eta lombang teh kedah disaeur deui.”
“leres, Ki. Dumasar katerangan ustad sanes deui. Saurna, kirang sae sasadiaan kuburan anggoeun nyalira. Jalaran, can tangtos tempatna pimaoteun teh. Boa tempatna anu tebih tina kuburan anu disayagikeun. Apan mubadir. Ayeuna, eta lombang teh kedah dikali deui, eta ge nurutkeun katerangan. Saur ustad anu katilu mah, teu sawis-wios urang sasadiaan lombang kanggo kuburan urang nyalira, sok sanaos engkena teu kanggo ku urang ge. Etang-etang midamel amal soleh weh kanggo anu sanes.”
Bade ngartos, bade henteu, Aki Uki pinasti mios ka pamakaman kulawarga Den Haji, ngabantun pacul, linggis sareng singkup. Dibekelan cai sabotol sareng tedaeun, kenging Nyi Ocih, rencang pribumi.
Di dinya teh tos seueur kuburan, sadayana ditembok, dilapisan keramik. Dina nisan handapeun samoja nu kembangna ngabarak, kaaos “Nyi Rd. Mayangsari”, “Rd. H. Mugni”, “Rd. Aom Tirtaningrat, S.H.,M.B.A.”, Rd. Ir. Suryaningbuana, M.sc”, “Nyi Mas Solehah”.
Dupi lombang anu diancokeun kanggo kuburan Rd. H. Darmawan, sisi palih wetan gedengeun makam ibuna. Numutkeun pangemut Aki Uki, di dieu, jaganing geto, baris aya nisan anu dinamian “Rd. H. Darmawan”. Terah menak anu kayungyun ku berehanana, adatna resep nulung kanu butuh, nalang nu susah. Nangin dukan iraha pupusna. Katingalna salirana jag-jag waringkas keneh. Kiat keneh Badminton mayunan anu anom, bari arang kawon.
Aki Uki ras kana dirina nyalira, jalmi cacah kuricakan. Tangtos kuburanana boro-boro nganggo nisan tina marmer kanggo nyerat namina, moal ditembok-tembok acan. Namina apling oge diserat dina tutunggul tina papan albasiah nu gancang seep dihakan rinyuh. Cetna tina ter sesa.
Barang bade prak ngalungkeun pacul, Aki Uki teh rada muringkak bulu punduk, margi kakuping sora incuing. Duka ti palebah mana eunteupna. Tambih murinding, ditoel tiisna angin. Asa ditoel ramo mayit. Duka pedah salirana nuju rada panas tiris tilas sababaraha dinten ukur neda kulub hui sareng sampeu. Atanapi pedah ku purbawa kaayaan di pamakaman nu teu aya rencang, keueung.
Waktos ngali anu ngawitan mah dugi ka aya samingguna. Taneuh teuas keneh. Ayeunamah rada bear. Pacul tiasa mebes dipancongkeun teh.
Mung tanaga teu aya pisan. Nembe sakecruk dua kecruk tos cape. Namun Aki Uki gaduh tekad giling pisan. Kedah beres bada lohor. Bade mintonkeun  ka Den Haji, yen dirina, Si Tarjuki, nu keur ngorana bisa maratkeun macul sakotak dina sabedug teh, ayeuna bedas keneh. Atuh cape teh teu di raos. Bes linggis, kecruk pacul. Sodok singkup. Silih genti. Cakaringetna luut-leet maseuhan sakujur salira lir nu dibanjur bae. Untung ngabantun bekel. Unggal liren, unggal belewek opieun, sareng regot cai. Nangging tanaga asa teu nambihan.
Taneuh nu dikeduk beuki luhur, lombang beuki jero. Tanaga kedah tambih ageung supados tanuh anu dikaluhurkeun teu urug deui kahandap. Ku dikeureuyeuh mah, panyaeuran dina lombang teh kakeduk sadayana. Orokaya tanaga teu nyesa pisan. Aki Uki ngaraos lungse, dugi ka teu tiasa hanjat ge. Nya reureuh bari ngumpulkeun deui tanaga. Ngalungsar dina lombang. Nyarande kana taneuh belah kaler. Ni’mat padamelan tiasa rengse. Diluhur angin ngahiliwir. Incuing angger disada. Asa dipepende, reup Aki Uki kulem kapulasan.
Bada lohor Nyi Onih nganteuran ka kuburan. Luak-lieuk teu katinggali Aki Uki. Barang nempo kana lombang, puguh weh reuwas kacida. Katinggal Aki Uki ngajoprak nyangirah ngaler. Disidik-sidik tetela teu ngarenghap.
Den Haji Darmawan teu seueur nimbang itu ieu. Layon Aki Uki dipulasara sapertos kulawargana naylira. Malih dikurebkeunana ge dina lombang anu dicawiskeun kanggo kuburan salirana. Malih tos diniatan sabada natusna, kuburan Aki Uki teh bade ditembok dilapisan keramik. Nisanna tina marmer dipahat nami “Raden Tarjuki, M.Si bin Raden Anu. Lahir ping sakitu. Wafat ping sakitu”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar