Jumat, 28 April 2023

CARITA PONDOK SUNDA (CARPON SUNDA) : CINTA SEGITIGA

 Cinta Segitiga


Ku Nina Rahayu Nadea


            “Mending purtuskeun  kabogoh kitu mah. Komo nyebut teu satia, aya cinta segitiga.“ Tini sobat kuring mamatahan waktu  keur curhat jeung manéhna. Nyaritakeun Angga nu jadi cuék.


            Angga téh kelas XI sarua jeung kuring. Kuring XI IPA1 sakelas jeung Tini. Manéhna IPA2. Kuring, Tini, Angga, Tedi  ka mamana  sok bareng. Ari Tedi sobatna Angga. Sarua IPA2.  

Geus putus mah bébas, teu aya nu timburu ka kuring. Teu ngeunah atuh kuring disebut maén jeung Tedi di satukangeun Angga. Padahal teu sing. Kungsi sababaraha kali jalan bareng jeung Tedi ka Gramedia atawa  ka kantin. Pédah wé euweuh pisan batur. Angga teu aya, HPna teu aktif. Tini sababaraha poé teu sakola. Antukna ngajakan Tedi. Suérna gé teu aya nanaon. Sajajalan nu dicaritakeun iwal ti pelajaran. Peun. Taya nu leuwih

            Gosip beuki nyebar. Mimitina mah teu didéngékeun. Ké gé répéh sorangan. Kadieunakeun Angga  beuki ngajauhan, padahal hayang ngobrol panjang lebar.  

            “Kudu dihajakeun,” gerentes haté. Kakesel numpuk na angen waktu sababaraha kali nelepon teu diangkat. Kitu deui mun pasarandog, haré-haré. Pokona kuring téh diantepkeun. Dianggap euweuh ku manéhna. Ti dinya mah kuring gé cuék teu hayang nyaho kabar manéhna. Sok ngahajakeun wé nyampeur Tedi mun istirahat téh.

            Beuki buleud sangkan putus ti Angga, basa Tini ngabéjaan yén Angga geus boga kabogoh anyar.

            “Ted... hayu ngabaso.” Kuring ngelol ti lawang panto.

            “Angga...” Tedi nyampeurkeun ka bangku Angga. Nu ditanya teu ngarérét rérét acan. Tonggoy nulis. Api-api nulis meureun.

            “Ted. Kuring ka kantin jeung Ina, nya?”

            “Hayu, Ted. Kuring lapar yeuh.” Kuring ngagero beuki tarik

            “Hayu...” méh lumpat Tedi  muru kuring.

            Sina panaseun tah Angga. Emang euweuh manéhna kuring sedih? Sori. Tadina gé nampa kacinta manéhna téh hayang aya batur. Hayang aya pakukumaha dina urusan pelajaran.

            Tini sobat kuring gé harita milu. Atuh jadi tiluan ka kantin téh. Leuwih seru. Da Tini mah jalmana resep ngobrol jeung sagala dicaritakeun. Di kantin teu karasa. Kabeneran deuih Pak Iman guru Olahrag teu asup. Jadi bisa lila ngagosip di kantin. Tedi mah tiheula ka kelas basa bél tanda istirahat lekasan.

            “In, ka kelas heula nya?”

            “Yo. Hati-hati, Ted.”

            “Cie... cie... so perhatian.” Tini seuri.

            “Ih. Naon, ah.”

            “Ari kamu beneran jadian jeung Tedi?” Tini nanya daria waktu Tedi geus teu aya.

            “Ku naon, teu gugur teu angin nanya nu kitu. Saruana jeung Angga. Pan geus dicaritakeun ti basa éta gé kuring mah euweuh nanaon jeung Tedi. Geus ah, sebel ngadon nanya nu kitu. Jadi bété,” kuring cengkat. Teu ngeunah ku pananya Tini.

            “Lain kitu, In. Tapi....”

            “Geus ah, Ina ka kelas heula.” Kuring muru kelas.


Gek diuk na bangku, waktu geus di kelas. Ngadon ngahuleng. Mukaan buku tulis Matematika laju gagambaran teu puguh. Kitu deui waktu mukaan novel Tere Liye bawa ti imah, anggur dibukaan wungkul.

Rét kana buku catetan Matematika Tini anu ngagolér luhureun bangku. Sugan kudu dicaritakeun naon kakeuheul ka Tini, méh manehna  maca, gerentes haté. Rek nyieun surat keur Tini perkara haté nu keuheul, kitu paniatan téh.  


Pulpén geus dicekel, kalimah geus merenah dina uteuk. Leungeun kénca muka lambaran terakhir. Ngagebeg waktu maca tulisan hareupeun.

“Bahagia hari ini, aku dan Angga telah jadian. Anjing menggonggong kapilah berlalu. Yang penting hepi.”***

source.ninarahayunadea.blogspot.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar