Jumat, 13 Maret 2015

GAGAK HAYANG JADI MERAK (DONGENG SUNDA)




Dihiji leuweuh geledegan, aya dua tangkal kiara anu kacida gedena. Perenahna di sisi sampalan paranti sato jarah nyatoan. Eta tangkal kiara teh sok dipake panonoban bangsa manuk. Anu hiji panonoban bangsa gagak, anu hiji deui panonoban bangsa merak.
Kacaritakeun diantara bangsa gagak, aya hiji gagak ngora, gagak jalu anu keur meujeuhna belekesenteng, ngaranna si Candrika. Sanajan umurna ngora keneh, si Candrika mah loba onjoyna di bandingkeun jeung gagak-gagak anu sejenna. Awakna leuwih keker, utekna oge leuwih pinter. Sakabeh gagak di eta leuweung geus boga sangka yen dina hiji mangsa mah si Candrika teh bakal jadi kokolot gagak. Gaganti kokolot gagak anu ayeuna, anu umurna geus kacida kolotna.
Tapi dina hiji mangsa mah, si Candrika teh beda ti sasari. Anu tadina lincah luluncatan dina dahan kiara, ayeunamah jadi cicingeun. Anu tadina hegar ngelak, malah sorana oge sok pangtarikna, ayeunamah tara kadenge sorana. Gawena ukur cindeuteun dina dahan kiara anu buni, mencilkeun maneh. Kabeh bangsa gagak ngarasa heran ka kaayaan si Candrika teh, tapi hiji oge taya anu nyahoeun sabab-musababna. Ari sababna si Candrika teu daek betus ka sasaha, ditanya ku itu ku ieu teh angger ngabetem.
“keun bae anteupkeun, meureun keur mangsa mangkat birahi” ceuk kokolot gagak.
“teu umum Olot,” ceuk gagak sejen. “anu keur mangkat birahi mah biasana sok leuwih motah!”
“sing inget, si Candrika mah beda jeung batur-baturna, tong disaruakeun jeung gagak anu biasa-biasa atuh!”
“enya ari kitu tea mah, anu loba kaleuwihan mah biasana oge sok loba kaanehan”
Antukna si candrika pada ngantep
“keun, engke oge cageur sorangan!” ceuk kokolot gagak.
Padangantep teh si Candrika kalah beuki resep nyorangan, lamun keur cinutung dina dahan anu suni, gawena ngan nyerangkeun bangsa merak. Komo lamun isuk-isu atawa pasosore mah, dina mangsana bangsa manuk midang. Panona terus melong ka merak jalu anu keur meberkeun buntutna.
“leuh teda teuing resepna lamun aing jadi merak. Bulu endah, patinggurilap mun katenjo panonpoe. Na ari aing, bulu hideng lestreng, suku pacer, pamatuk gede, meni teu mararatut!” ceuk si Candrika dina hatena.
Tetela si Candrika teh hayang jadi merak. Geus lila manehna henteu sugema ku kaayaan dirina, anu ceuk pangrasanamah manuk anu panggoreng-gorengna saalam dunya, manuk anu pangsial-sialna, tong boroning bangsa manuk deui, malah bangsa manusa oge loba anu teu resepeun. Eta we basa manehna teu ngahaja ngaliwat ka lemur di sisi gunung, jelema-jelema patingjorowok, “kaditu siah jauh. Ka Sabrang, Ka Palembang!” malah aya anu di tungtungan ku, “balikna mawa kurupuk” nya we aya rasa keuheul, aya rasa ambek ka bangsana sorangan. “aing kudu jadi merak!” ceuk pikir si Candrika.
Hayang jadi merak, kudu jadi merak, terus jadi panyileukan si Candrika, anu mangaruhan kana tingkah paripolah sapopoe. Lamun keur nyorangan, manehna sok nurutan kanu paripolah merak. Leumapang rada diaced-aced, terus meberkeun buntutna, buntutna kalah rancung teu puguh.
“leuh, lamun aing jadi merak!” beuki ambek wae ka dirina, antukna ambek kanu nakdirkeun manehna jadi bangsa gagak. “naha atuh aing teh bet kudu jadi gagak?”
Hiji poe si Candrika hiber neangan kahakanan, bari angger mikiran kahayangna, hayang jadi merak. Barang ngaliwat kahiji walungan, manehna nenjo baju merak, nambru disisi walungan. Ku manehna di deukeutan. “kamana anu bogana?” si Candrika ngomong sorangan. Luak lieuk euweuh sasaha. Buru-buru bae baju merak teh disamber, dibawa hiber kanu jauh tidinya. Cle tina tangkal anu suni. Rap baju merak teh dipake. Logor teuing, waktu dicobaan dipake hiber teh kokoplokan. “kawas namah kudu dirapet!”
Henteu talangke, manehna ngala leugeut tereup. Tuluy di ulas-oles kana awakna jeung kana baju merak tea. Rap baju merak dipake deui. Pel bae napel rapet pisan. Dicoba dipake hiber, najan karasana beurat, tapi leuwih ngeunaheun tibatan tadi.
“laksana ayeuna aing jadi merak!” Ceuk si Candrika. Cle kana dahan pangluhurna, terus ngahuleng mikiran lampah saterusna. Keur kitu torojol aya gagak, cle hareupeunana. Tetela si Culindra, batur ulina ti leuleutik.
“keur naon sakadang merak, hulang-huleng tidieu?” ceuk si Culindra.
Si Culindra teu apaleun ka aing. Padahal batur ulin aing ti leuleutik. Nyebutna oge si sakadang merak. Ayeuna aing lain si Candrika, aing merak! Aing merak! Ana pok teh si Candrika ngomong “tunya-tanya teuing atuh!”
“pilakadar nanya, wajar weh da urang teh tatangga,” tembal si Culindra.
“tatangga sih tatangga, tapi bangsa andika mah teu pantes cacampuran jeung bangsa merak. Sing ngarumasakeun maneh we atuh, boga rupa goreng patut, bulu hideung lestreng, teu beda ti areng! Beda pisan jeung bangsa kuring mah. Sirah dimakuta kukuncung, buntut hurang-herang, endah taya babandinganana!”
“na andika teh sombong-sombong teuing, sakadang merak!”
“ari geus, da kitu buktina!” ceuk si Candrika teugeug.
“ngahina ka sasama makhluk!”
“da bangsa andika memang hinaeun!”
Si Culindra teu ngomong deui,  geleberr bae hiber ninggalkeun si Candrika, anu ayeunamah geus make baju merak.
Si Cndrika kacida bungahna. Enya, ayeunamah aing teh geus jadi merak. Buktina si Culindra oge, batur ulina ti leuleutik, teu apaleun. Malah nyebutna oge sakadang merak! Aing merak! Aing merak! Si Candrika igel-igelan dina dahan, bakating ku bungah. Buntutna patinggurilap katojo ku panonpoe.
Pasosore, wanci bangsa manuk baralik ka panonobanana, si Candrika oge balik. Ngan ayeunamah balikna lain kana tangkal kiara panonoban gagak, tapi kana kiara panonoban merak anu paeunteung-eunteung jeung kiara panonoban gagak. Mimitina mah euweuh anu ngaharu biru, da memang mun ditenjo saliwat mah meh taya bedana jeung merak-merak anu sejen.
Seperti biasa, unggal sore merak-merak jalu sok nembongkeun kamonesanana, adu manis meberkeun buntutna, pangpangna pikeun ngirut merak bikang. Si Candrika oge teu tinggaleun. Malah aya leuwihna, lantaran manehna hayang nembongkeun kabungahna pedah geus jadi merak bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipakagijid padah buluna teu endah. Si Candrika leuwih motah ti merak-merak sejen.
Tayohna mah sagala tindak-tanduk si Candrika disarengkeun ku kokolot merak didinya. Kokolot merak nyampeurkeun si Candrika, terus nyarita. Pokna, “ke heula, lur, ari andika teh merak timana?”
“kuring merak indo, puguh serak ieu teh”
“lain, andika mah lain bangsa merak! Salila nyunyuhun kuncung, can kabejakeun aya merak indo!”
“kuring mah merak, tingali bulu kuring, apanan bulu merak!”
Rob teh merak-merak sejen ngaronom si Candrika.
Andika mah lain bangsa merak, sigana bangsa gagaka anu make baju merak!” ceuk kokolot merak.
“rek ngacowkeun bangsa merak etamah!” ceuk merak sejen.
“laan bajuna”
“usir, usir!” para merak raong, tuluy ngepung si Candrika. Si Candrika dipaksa ngalaan bajuna, tapi hese, lantaran geus rapet pisan jeung awakna, kawantu dirapet ku leugeut teureup loba pisan.
Lantaran tanagana leuwih bedas, si Candrika bisa leupas tina kepungan paramerak. Geleber hiber, kalayang kakalayangan sakeudeung, cle bae tina kiara panonobang bangsa gagak.
“aya merak euy!” ceuk para gagak.
“kuring lain merak, kuring si Candrika batur andika!”
Torojol kokolot gagak.
“rek naon anjeun kadieu? Tuh, tiditu panonoban merak mah! Rek ngacowkeun didieu?”
“kuring lain merak, luring si Candrika, piraku olot poho ka kuring?” ceuk si Candrika.
“kana sorana kuring apal, kana matana oge kuring apal. Tapi da si Candrika mah bangsa gagak, bukluna hideung cara kuring, hente hurung-herang cara andika. Andika teh bangsa merak anu nyamar jadi si Candrika!” ceuk kokolot gagak teugeug.
Torojol si Culindra. “tah, ieu merak anu tadi ngahina bangsa gagak teh!”
“Culindra, kuring sobat anjeun, si Candrika”
“teu bisa! Si Candrika mah bangsa gagak. Kuring apal enya ka si Candrika, manehna mah moal mungkin ngahempas bangsana sorangan!”
“kuring si Candrika!” bari ugal-igel rek ngalaan baju merakna, tapi teu bisa, da geus pageuh napelna.
“etamah pengacow!”
“Usir! Usir!”
“podaran we sakalian!”
Gagak-gagak reang bari rek ngarempug si Candrika. Nenjo galagat kitu, si Candrika buru-buru hiber. Tuluy hiber teu eureun-eureun. Wanci sareupna tepi ka sisi lembur. Cle wae didinya.
Si Candrika kacida nalangsana. Diusir tiditu tidieu. Ku bangsa merak teu diaku, sumawonna ku bangsana sorangan mah. Anu matak peurih mah teu diaku jeung di usir ku bangsana sorangan. Bangsa gagak, anu ngagedekeun manehna. Bangsa anu miharep ka manehna, sangkan hiji mangsa jadi kokolot gagak di ieu leuweung. Kamana kudu lumampah? Ras inget ka bangsa manusa. Manusa mah teu resepeun teh ka bangsa gagak, ari ka bangsa merak mah kacida resepeunana. Hatena kaubaran, geus gilig dina hatena, manehna rek nepungan bangsa manusa, itung-itung ngabuang maneh.
Isukan wanci haneut moyan, si Candrika hiber ngajug-jug ka pilemburan. Nepi ka pilemburan, cle dina hiji suhunan.
“Aya merak! Aya merak!” ceuk hiji budak.
Teu lila rob atuh jelema kadarinya, ningali si Candrika. Hiji oge euweuh anu teu resepeun kana merak mah. Teu cara ka bangsa gagak. Euweuh anu nyieuh keun. Nyaho kitu, si Candrika jadi loba ceta, ucad-aced buntutna dibeberkeun.
“euleuh, itu meuni endah kitu!”
“patinggurilap nya euy, kawas berlian!”
“nyaho kitu silaing berlian?”
“heunteu!”
Si candrika beuki cetaan.
Keur kitu, torojol kokolot lembur bari mawa bedil angin. Da ngan ukur manehna di lembur etamah anu boga bedil angin teh.
“halik barudak, ulah ngahalangan, urang temak!”
“kade ulah kana buntutna. Lebar!” ceuk panajikanana.
“moal atuh, da uing ge geus biasa kana tumak-temak mah” ceuk kokolot lembur bari nyengir. Pamanjikanana ngadelek.
Di keceng sakeudeung, ceplek bedil angina dibekaskeun. Mimisna keuna pisan kana hulu si Candrika. Koleang si Candrika ragrag. Teu inget ka bumi alam. Barudak sarurak!
Teu lila tiharita, buntut merak si Candrika jadi papaes di tepas imah kokolot lembur. Sakapeung aya hiji dua anu dibawa ngapung, dipake buntut langlayangan.

31 komentar:

  1. Caritana SAE pisan gampang di mengerti dan memotivasi

    BalasHapus
  2. Caritana sae bisa di mengerti jeung jadi motivasii

    BalasHapus
  3. Caritana sae bisa ngajien motivasi kangge urang sadaya

    BalasHapus
  4. Caritana sae sareng tiasa diangge motivasi kangge urang sadaya

    BalasHapus

  5. Caritana meotivasi urg sadaya bisa di pahami sae caritana

    BalasHapus

  6. Caritana meotivasi urg sadaya bisa di pahami sae caritana

    BalasHapus

  7. Caritana meotivasi urg sadaya bisa di pahami sae caritana

    BalasHapus
  8. Caritana meotivasi urang sadaya bisa di pahami sae caritana

    BalasHapus
  9. Caritana meotivasi urang sadaya bisa di pahami sae caritana

    BalasHapus
  10. Carita meotovasi urang sadaya jeung bisa di pahami sae pisan carita na

    #elsa salsabila

    BalasHapus
  11. Sae pisan caritana tereh di pahami teras bisa di anggo jadi motivasi

    BalasHapus
  12. Carita na sae pisan, seueur palajaran anu tiasa dicandak tina carita eta

    BalasHapus

  13. Caritana meotivasi urg sadaya bisa di pahami sae caritana

    BalasHapus

  14. Caritana meotivasi urg sadaya bisa di pahami sae caritana

    BalasHapus
  15. Caritana memotivasi arurang sadaya bisa di pahami sae caritana

    BalasHapus
  16. Caritana motifikasi urang sadaya bisa di pahami sae pisan caritana

    BalasHapus
  17. Caritana nga motifasi ka urng sadaya

    BalasHapus
  18. Caritana untuk memotifikasi urang sadaya

    BalasHapus
  19. Catita na sae pisan sangat memotifasi ka urang sadaya

    BalasHapus
  20. Catita na sae pisan sangat memotifasi ka urang sadaya

    BalasHapus
  21. Ie teh nyaritakeun ngenaan kahayang gagak jadi makhluk lain,nyaeta merak sanes?

    BalasHapus
  22. Apa inti gagak hayang jadi merak

    BalasHapus