Jumat, 09 Januari 2015

Demi Budak Kuring Kuat CHAPTER III, IV, V (Novel Sunda)




SALAKI TETEP SINA DILUAR.....
Kuring ngarasa keheul ka salaki. Lamun datang ku kuring rek dilaporkeun ka pulisi, ngarah manehna nyirekem di kamar tahanan. Nu tadina ngarasa keheul ka salaki, hayang males kanyeri, sina ngarasakeun sorangan kumaha nalangsana sare di sel tahanan teh, ahirna mah jadi sadar sorangan. Teu pantes kakeuhel teh diteymbleukeun kabeh ka salaki. Boa, kuring ge boga dosa anu teu karasa, nepi ka kudu ngalaman balewatangan teh. Geus titis tulis tidituna, geus teu bisa dihalang-halang deui. Kuring sadar, kajadian ieu teh geus aya nu ngaturna, ngan urangna bae teu nyaho.
Keun bae, pangalaman ieu teh kuring sorangan anu ngalaman, salakimah ulah ngalaman kawas kuring, tetep bebas. Ngarah salaki bisa ngala duit keur barudak, keur pikahareupeunana. Sabab, lamun salaki kuring katewak ku pulisi, kawas namah kuring ge tetep bakal ditahan babarengan jeung salaki, ditudig saengo jeung salaki.
Basa kuring dijagragkeun ka pangadilan, alaki mah henteu datang. Nu datang teh han mitoha awewe ti Medan. Manehna anu cukah-cikih nguruskeun kuring nepi ka divonisna. Kuring teh ku Hakim Ketua Pengadilan Negri Sumedang dihukum dua belas taun penjara ptotong tahanan. Sedih jeung nalangsa, tapi teu bisa kukumaha deui. Iwal  ti tumamprak kana nasib.
TEU NGARASA CURIGA......
Daek sumpah, kuring mah teu nyaho saeutik-eutik acan kana kagiatan sapopoena salaki dipiluaran. Nu nyaho teh, salaki teh jadi supi beus. Kagiatan anu sejen deui mah teu nyaho. Lamun nyaho salaki sok ngajualan mah, tibareto ge ku kuring bakal dicarek, sabab resikona gede pisan.
Di imah ge salaki mah biasa-biasa bae. Tara nyirikeun manehna sok ngajualan ganja. Nu matak kuring mah teu curiga nanaon. Mun enya teh manehna sok ngajualan ganja, meureun bakal loba semah anu daratang ka imah mareuli ganja, tapi ieumah euweuh saurang-urang acan anu datang ka imah.
Kuring ge nyaho, salaki kungsi mawa bungkusan ka imah. Bungkusan teh teu diteundeun di imah, tapi digantungkeun di kamar mandi. Duka teuing naon maksudna. Malahan basa ku kuring dinyatakeun naon eusina teh, malah nyarekan. Majarkeun teh awewe mah ulah pipilueun, ulah nyaho kana urusan lalaki diluar. Cicing bae di imah, ngurus barudak, pok nateh. Lantaran teu dibere nyaho tea ku salaki, kuring ge teu hayang nyaho kana kagiatan salki diluar. Nu penting mah, asal resiko dapur bae kacumponan.  Ti harita kuring teu hayang deui pipilueun kana urusan salaki, kana sagala kagiatan salaki diluar. Teu...teu hayang nyaho saeutik ge.
DIBERE DUIT GEDE....
Hiji mangsa mah kuring ge kungsi dibere duit gede, aya kana opat jutaan. Duka meunang dimana. Duit kabehannana digebrokeun ka kuring. Tangtu bae pikeun kuring mah harita keneh langsung dibeuli-beulikeun, boh meuli pakean, meuli parabotan rumah tangga. Eta bae duit opat juta teh, dua poe teu nyesa saperak-perak acan. Salaki teh bengong, tuluy ngambek pajarkeun teh kuring teu bisa nyimpen duit gede. Boga duit kalah dihambur-hambur teu puguh, cenah. Tiharita, lamun salaki teh mun mere duit teh sok dialas, tara gede pisan. Beas, kopi jeung susu keur barudak sok langsung dibeulikeun kusalaki, sabulaneun. Ngan keur meuli minyak tanah atawa kaperluan sejen sok dibere teh, tapi teu gede deuih.
Kuring teu nyaho kana kagiatan salaki sapopoena, nyaho teh ngan saukur jadi supir bae, ari lana ngajualan ganja mah kuring teu nyaho saeutik-eutik acan. Lamun ngajualan ganja, meureun batinage gede pisan. Kuring pasti bakalan kabanjiran duit. Imah ge meuruen moal tuluy-tuluyan ngontrak. Dikamana keun atuh bati ngajualan ganja teh?
BISA TEKUN IBADAH...
Bareto basa kuring can dihukum, ibadah teh hese pisan. Loba bae gangguan teh, duka teuing kunaon. Ngan ti saprak kuring nyirekeum di panjara, kakara ayeuna bisa jejem ibadah teh. Nu tadina kuring teu nyaho kana hukum, ayeunamah jadi nyaho saeutik-saeutik ge, nyaho kana pasal-pasalna, lantaran aya penyuluhan ngeunaan hukum.
Kuring ge ayeunamah moal bisa dibobodo kitu bae. Saeutikna geus pangalaman. Lamun kuring kaluar ti penjara, langsung indit ka Medan, ka mitoha. Rek nyokot barudak nu dipihapekun ka manehna. Lamun geus dicokot mah, rek dibawa kalembur. Moal rek balik-balik deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar