Kamis, 08 Januari 2015

DEMI BUDAK KURING KUAT (CHAPTER II) (Novel Sunda)





RENGSE BEBERSIH....
            Inget keneh, poe minggu teh kuring cicing di imah, teu kamamana. Kitu oge anu biasana sok babantu di imah haritamah hente datang, lantaran keur balik hela kalemburna. Tibatan cicing di imah teu puguh, leuwih hade beberes bae. Piring jeung gelas anu kotor dkumbahan. Jandela jeung kaca anu kotor ku kebul dielapan. Barudak mah, anteng weh ulin duaan.
            Saeusi imih diberesan. Rohangannana disemprotan ku obat nyamik cair. Ngarah reungitna araeh jeung semu seungit. Samemeh disemprotan teh barudak mah geus diungsikeun heula ka tatangga, bisi teu kuateun ku ambeuna. Saeunggeus disemprotan, imah teh rek dikoncian, ngarah reungitna pararaeh.
            Karek ge kuring rek nutupkeun panto imah, renteng-renteng pulisi datang, aya kana sapuluh urangna. Aya kana sapuluh urang na. Duka teuing rek kamana. Tapi nu sidik mah, kalah ka aup ka gang imah kuring, ka gang buntu. Naha rek kamana kitu? Hate mimiti teu puguh rasa. Najan teu boga dosa ge, tetep bae hatemah tagiwur. Boa-boa rek ka imah kuring, tapi kuring mah da teu boga dosa nanaon.
            Bener bae, pulisi teh datang ka imah kuring. Maranehna maksa rek asup ka jero imah. Duka rek naon? Cenah mah ngaradah imah, rek neangan barang anu disumputkeun ku salaki kuring. Duka barang nanahaonamah.
            Basa pulisi maksa rek asup kajero imah teh, ku kuring dicaram. Sabab ti imah taya salaki. Kuring mere saran ka pulisi, mun rek asup ka jero imah, kudunamah menta iddin heula ka Ketua RT satempat, kakara kukuring di idinan asup ka jero imah.
Saenggeus dibere saran ku kuring, salah saurang pulisi indit ngadatangan Ketua RT. Teu kungsi lila datang deui dibarengan ku Ketua RT. Lantaran datangna resmi jeung pa RT, ku kuring ge teu dihalang-halang deui, maranehna asup ka jero imah kontrakan kuring. Teu sirikna, unggal juru imah teh di pariksaan.
Tah, dikamar mandi tea, pulisi manggihan barang teh. Barang anu ku salaki digantungkeun tea. Basa pulisi nyokot barng teh, kuring mah biasa-biasa bae, teu ngarasa sieun sagala. Sabab kuring mah teu boga dosa. Kitu oge barang anu digantung, lain barang nu kuring, tapi nu salaki.
Lantaran nu diimah kuring sorangan jeung barudak, salaki mah tepi ka tabuh tujuh peuting tacan balik keneh, kapaksa kuring jeung barudak kudu milu ka kantor pulisi. Tuluy diasupkeun kanu sel tahanan anu aya di gigireun kantor.
Sapoe, dua poe, salaki teh bet te embol-embol keneh bae nepungan ka kantor pulisi. Naha manehna teh geus nyahoeun kitu, yen kuring jeung barudak ayeunteh ditahan. Lamun manehna ayeuna nyampeurkeun mah, pasti langsung ditewak ku pulisi, diasupkeun ka sel tahanan. Tapi lebeng salaki teh teu datang-datang bae.
Untungna teh, adi kuring kaburu datang, ngabesuk, dibejaan ku tatangga deukeut. Manehna ceurik balilihan ninggali kuring. Kuring ge teu kuat, teu kaampeuh deui nahan kasedih, ahirna banjir cimata, ceurik paungku-ungku jeung adi.
Lantaran karunyaeun kakuring, barudak duananan dibawa. Samentara mah rek diasuh ku manehna. Demi lanceuk, keur digawe ge nepi kaluar sagala.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar