Senin, 05 Januari 2015

Demi Budak Kuring Kuat CHAPTER I (Novel Sunda)




SALAKI ANU BOGA DOSA, KURING NU DIHUKUMNA
            Kuring teh sasatnamah katempuhan buntuk maung. Salaki sok ngajualan ganja, kuring anu teu nyaho naon-naon anu diwadalkeun. Basa pulisi datang kaimah neangan salaki, salakimah geus kabur manten, teuinng kamana. Kuring jeung barudak anu teu boga dosa di cerek ku pulisi, teu bisa balik deui kaimah. Malah kuring kudu nyirekem di pangberokan salila dua belas taun.
            Teu nyangka saeutik-eutik acan, kuring anu sapopoena anu tara indit-inditan jauh, bet kudu nyirekem di pangberokan. Teu puguh, teu gugur teu angin, kuring dituduh ku pulisi pajah sok ngajualan jeung ngisep ganja, cenah.
            Rek ngangles, teu bisa, lantaran barang buktina, mangrupa bungkusan ganja kering sakilo siap edar kapanggih ku pulisi ngagantung di kamar mandi.
            Enya kuring ge nyaho di kmar mandi teh aya bungkusan ngagantung, tapi teu nyaho naon eusina. Bungkusan eta teh lain anu kuring, tapi anu salaki. Kuring ge kungsi nanya ka salaki, tapi salaki teu daek betus. Pajarkeun teh, keun bae bungkusan teh ceuna ngagantung di kamar mandi, ulah di oprek-oprek. Kuring tuhu bae. Sabab nyaho kana adatna, babarian ambek. Daripada jadi papaseaeun, leuwih hade diantep bae.
            Pulisi mah gening teu kitu, najan salaki euweuh di imah digawe jadi supir, kapaksa kuring nu aya di imah jeung barudak digiringkeun ka kantor pulisi, nepika nu teubisa balik deui. Budak cikal nu harita kakara umur tilu taun, jeung si bungsu nu kakara umur sataun teh, kudu ngalaman sare dijero tahanan. Salaki kuring teh duka teuing dimana.
            Hadena teh, saeunggeus dua peuting nyirekem dikantor pulisi, aya adi kuring ngabesukan. Barudak teh tuluy dibawa  ku adi, lamun teu daekeun mah, meureun nepika di jagragkeun ka pangadilan ge moal lesot-lesot. Deudeuh teuing anaking.
            Kuring teh asa dibentar gelap tengah poe ereng-erengan. Bororoah ngisep ganja, ngaroko ge tara. Kuring mah teu hayang nyaho kanu rasana ganja, ku kakara ngambeu haseup roko ge apanan sok tuluy batuk jeung lieur.
            Ti saprak kuring nyirekem di kantor pulisi, nepi ka dijagragkeunanan ka pangadilan Sumedang, salaki mah teu kungsi ngabesukan. Kuring ge ngarti, pangna salaki teu ngabesuk teh, lantaran sieun ku pulisi. Lamun salaki katewak ku pulisi, engke meureun bakal bareng dibui, barudak jadi korbanna. Lah, keun bae ayeunamah kuring jadi korban, asal barudak bisa kaparaban.
BERSAMBUNG..... (HANCA)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar