Minggu, 04 Januari 2015

PANGERAN SURIANAGARA (KUSUMADINATA) PANGERAN KORNEL. Taun 1791-1828.



.
            Sateuacan KaBupatian Sumedang di pimpin ku Pangeran Surianagara atawa pangeran kornel. KaBupatian anu aya di Sumedang dicepeng ku Bupati panyelang , dina mangsa Dalem Adipati Patra Kusumah jeneng Bupati, Raden Jamu ditikahkeun ka putrana Dalem Patra Kusumah, tapi kulantaran Raden Jamu teh putrana Dalem Adipati Surianagara II. Calon Bupati Sumedang mertuana mikaceucub ka Raden Jamu.
Nya ku Dalem Surianagara I, caroge Dalem Istri Rajaningrat, Raden Jamu dipiwarang ngantunkeun Sumedang. Nu jadi tujuan nateh nyaeta Cianjur, menta panangtayungan ka Bupati Cianjur nu jenengan Adipati Aria Wiratanudatar VI.
Raden Jamu lolos disarengan ku pangawal anu satia ngantunkeun Sumedang ngaliwatan limbangan, lebet ka Cianjur kidul, nyamar jadi rahayat. Di Cianjur kuli jadi buruh tani, selang-selang tina kuli sok guguru ka kiai diajar bag-bagan agama Islam. Ari karesepna tina olahraga, ahlina dina tumpak kuda, resep moro uncal bari tumpak kuda, make pedang.
Lila-lila kaahlian Raden Jamu teh kanyahoan ku rahayat Cianjur malah mah keemper-emper, kadangu ku Bupati Cianjur, Dalem Adipati Wiratanudatar. Anjeuna ngaraos panasaran, lajeng Raden Jamu teh disaur, dideuheuskeun ku para ponggawa.
Raden Jamu di pentas wewesna, dijajal kaahlianana, diuji ku Bupati Cianjur, nu tetela matak kataji, Raden Adipati Wiratanudatar resepen pisan ka Raden Jamu. Nu ahirna Raden Jamu dicandet teu meunang kamana-mana, kudu tetep tumetep di kabupaten, diatik di didik dina wedang ilmu pamerentahan.
Bubuhan terusing Ratu Rembesing Kusumah, Raden Jamu teh pinter tur calakan, leket kanu ibadah, boga sifat satria tur pinter jeung ahli dina widang kaparajuritan. Ku Bupati Cianjur ditikahkeun ka putra kawalon Raden Rangga Gede nu jeneng wedana di cikalong kulon, jenenganana Nyi Rd. Lenggang Kusumah. Masih keneh rundayan Bupati Cianjur.
Saterasna Raden Jamu teh dijenengkeun jadi Kapala Cutak (wedana) di distrik Cikalong Kulon, Cianjur. Ngagentos Rd. Rangga Gede nu diangkat jadi Bupati Bogor.
Disagigireun ti eta, Raden Ema putrana Dalem Adipati Surialaga I, sarua lolos ninggalkeun Sumedang, nu maksadna seja maluruh saderekna nu ngiles tiSumedang. Nya kapanggih di Cianjur, malah kungsi babarengan diajar jeung Raden Jamu di Kabupaten tea. Raden Ema ditikahkeun deui serta ditempatkeun di kabupaten. Sedengkeun Raden Jamu, sabada dijenengkeun Kapala Cutak, disebat Raden Suryanagara III. Nya tidieu anjeuna mimiti naratas jalan, pikeun ngadeg Bupati di Sumedang.
Dina mangsa harita, kaBupatian Sumedang kosong sabab Dalem Adipatipatrakusumah dibuang ka Batawi, pamerentahan dicepeng ku Patih Sumedang. Heuleut sawatara waktu tiharita datang utusan ti Sumedang, ngadeuheus ka Bupati Cianjur, meredih sangkan Raden Jamu diwidian mulih ka Sumedang pikeun dijenengkeun Bupati. Nu usul teh Patih Sumedang tea, nu jenengananan Raden Aria Sacapati.
Dalem Adipati Ariawiratanudatar teu ngoretkeun, malah anjeuna anu usul ka pamerentah kumpeni sangkan Raden Jamu dijenengkeun Bupati Sumedang. Eta usul dikabul, Raden Jamu alias Raden Suryanagara III diangkat jadi Bupati Sumedang. Raden Suryanagara III teh, sok disebut oge Adipatikusumanagara, dina silsilah Sumedang sok disebut Pangeran Kusumadinata. Ari Raden Ariasacapati ayeuna jadi patihna.
Tisaprak Pangeran Surianagara nyekarwati di Sumedang, kaayaan Sumedang mimiti maju deui, boh dina widang sandang, pangan, boh dina widang kaamanan. Malah nya anjeuna pisan nu tihothat merangan bajak-bajak laut, nu sok ngaganggu di basisir laut jawa, kayaning di Karawang, Pamanukan, Ciasem, jeung Indramayu.
Katurug-turug Raden Ema anu rajin kana gawe diangkat jadi Bupati daerah Bogor, terus dipindahkeun ka karawang. Atuh duanana bisa paheuyeuk-heuyeuk leungeun, gawe babarengan, dina numpes anu jarahat. Saeunggeus diangkat jadi Bupati Raden Ema terus disebut Raden Adipati Surialaga II. Ti Karawang pindah ka Indramayu, pindah deui ka Sukapura. Terus pangsiun mulang ka Sumedang. Pupus ti Sumedang di makamkeun di talun, sok disebut Dalem Talun.
Ari Pangern Suryanagara, kenging gelar pangeran serta pangkat kolonel lantaran gede jasa- jasana dina ngaheyeuk dayeuh ngolah nagara, suhud, leber wawanen bijaksana sarta geus berhasl numpes para penjahat di basisir kaler tea. Sedengken rahayat mah nyebut nateh Pangeran Kornel, nelah nepi kaayeuna.
Gubernur Jendral Deandels hayang nyieun jalan pos, ti Anyer nepi ka Banyuwangi. Eta jalan diantarana ngaliwatan Sumedang, sarta kudu mobok Gunung Cadas anu teuas, tapi mobokna ukur ngagunakeun pakakas anu basajan, kayaning balincong, pacul, linggis, bedog, jeung palu sarta singkup. Nu geus tangtu eta pagawean teh bakalan ngejat lila anggeus. Ku sarerea geus kabayangkeun, pisakumahaeun teuing benduna Jendral Deandels anu kakocap galak tur barangasan, sahoak kadua gobang.
Rahayat Sumedang lara balangsak, ngorbankeun tanaga, harta jeung jiwa. Nu ahirna teupi kana hiji mangsa Jendral Deandels nu sok disarebut tuan Mas Galak teh ngaronda ka eta tempat, dumeh pagawean teh teu rengse dina waktuna, malah telat pisan. Pangeran Surianagara anu kadieunakeun katelah Pangeran Kornel singkil, sumping ka eta tempat pikeun mapag Gubernur. Tapi lain mapag rek ngabageakeun sakumaha ilaharna Bupati ka dununganana tapi ieumah pikeun ngajaga bising aya maung ngamuk gajah meta, serta ngabelaan rahayat nu geus kasawung bakal meunang hukuman beurat.
Barang amprok Jendral Deandels bengong, sabab basa manehna sasalaman ditampanan ku pananganan kiwa, sedengkeun panangan tengen ngagilirkeun keris Nagasastra, soca mureleng ka Gubernur, terus ngeceskeun sabab musababna pangna pagawean didinya telat kalayan tatag. Jendral Deandels kasima, nu kakocap galak tur bengis teh, harita mah lempes.
Nya ahirna, eta pagawean teh dilaksanakeun babarengan, pasukan Zeni metakeun alat-alat anu kawilang modern, sedengkan rahayat Sumedang mah sakadugana bae. Ngabobok Gunung Cadas teh rengse 12 Maret 1812.
Dina ahir taun 1811, Jendral Deandels ku kaisar Napolen ditarik deui ka Eropa. Sabab, harita Indonesia geus dikawasa ku Inggris. Ari nyieun jalan palebah Cadas Pangeran mah diteruskeun tepi ka rengse sakumaha anu kaunggel tina prasasti.
Eta prasasti ditulis dina batu marmer, nu unina : “DI BOBOK TAUN 1811 DARI TANGGAL 26 NOPEMBER SAMPAI 12 MARET DI BAWAH PIMPINAN RADENG DEMANG MANGKOEPRAJA DAN PENGAWASAN PANGERAN KOESOEMADINATA.”
Eta jalan tepi kaayeuna kasohor, Cadas Pangeran pangeling-ngeling kana jasana Pangeran Kornel anu mikawelas ka rakyatna.
Pengeran Kornel pupus tanggal 19 Juli 1828, dimakamkeun di Gunung Ciung, Pasarean Gede. Ti dua istri, nyaeta Raden Ayu Langgeng Kusumah di Cianjur, jeung Raden Ayu Candrakusumah, kagunggan putra opat nyaeta:
1.      Dalem Adipati Adiwidjaya, Bupati Limbangan.
2.      Dalem Adipati Kusumayuda, Bupati Sumedang/Dalem Ageung.
3.      Raden Ayu Rajaningrat.
4.      Raden Ayu Rajanegara.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar