Rabu, 29 Oktober 2014

SEJARAH SUMEDANG LARANG.




Anu jadi poko ngadegna Nagara Sumedang Larang teh prabu agung resi cakrabuana, atanapi prabu tajimalela, anu jeneng raja taun 950-an (abad 10).
Anu munggaran ngadegna nyaeta negara tembong agung, puser dayeuhna di Leuwihideng, pernahna (ayeuna) di kecamatan darmaraja. Prabu tajimalela kagungan putra tilu nyaeta :
1.      Prabu Lembu Agung.
2.      Prabu Gajah Agung.
3.      Sunan Geusan Ulun.
Numuntkeun Layang Darmaraja, prabu tajimalela munggaran ka putrana anu dua, nyaeta Prabu Lembu Agung jeung Prabu Gajah Agung. Nu saurang kudu jadi ratu, nu saurang deui jadi wawakilna. Tapi ceuk rakana rai bae, nyakitu keneh ceuk raina raka bae anu jadi ratu teh. Duanana pahiri-hiri, teuaya anu kersa jadi ratu. Nya kuramana dipiwarang angkat ka gunung Nurmala, anu ayeuna disebut gunung Sangkanjaya. Eta putra anu dua teh diparentah kudu nungguan pedang jeung dewegan.
Eta Prabu Gajah Agung kawon, margi sabot rakana ka cai, anjeuna hanaang dewegan dibeulah serta caina di leueut. Putusanana, Prabu Gajah Agung dijenengkeun ratu, nuluykeun kaprabon Sumedang Larang ngan pinagaraeun milari ku anjeun. Sedengkeun Prabu Lembu Agung tetep tumatep di Leuwihideung, anjeuna sasauran sakedar ngarajaan bae, tumut kana pidauh ramana.
Ku kituna, mimitinamah anu jadi gaganti prabu tajimalela teh Prabu Lembu Agung, anu sok disebut oge prabu lembu petang aji. Tapi anjeuna teu kersa jadi ratu. Nya diserenkeun ka raina nu jenengan Prabu Gajah Agung. Ari Prabu Lembu Agung jadi resi.
Saterasna, Prabu Lembu Agung ngagelarkeun rundayan ti Darmaraja, Prabu Gajah Agung ngalih ka ciguling, ngadegkeun negarana. Sedangkeun sunan geusan ulun, rundayanana sumebar di limbangan, karawang sareng brebes.
Kerajaan Sumedang larang ngalih ka ciguling, malahan puseur dayeuhna oge didinya. Ayeunamah kalebet wilayah sumedang selatan. Nu ngadeg nalendra nyaeta Prabu Gajah Agung, sok disebut oge prabu pagulingan. Anjeuna kagungan keris anu kakoncara, ngaranna Ki Dukun. Eta keris, gagangna jeung warangkana dijieun tina emas, ayeuna disimpen di museum Prabu Geusan Ulun.
Ngadegna Nagara Sumedang Larang di ciguling kurang leuwih taun 980. Prabu Gajah Agung pupus, makamna di cicanting kecamatan Darmaraja. Anjeuna kagungan putra dua nyaeta :
1.      Ratu Istri Rajamantri, nikah ka Prabu Siliwangi. Teu jadi ratu, sebab ngiring carogena , ngalih ka Pakuan Pajajaran.
2.      Sunan Guling, nu neraskeun jadu ratu di negara sumedang larang.
Sabada Prabu Gajah Agung pupus, digentos ku putrana anu kadua, nu jenengan Sunan Guling kurang leuwih taun 1000. Puseur dayeuhna angger di ciguling, sunan guling pupus makamkeun di ciguling. Anjeuna digentos ku Sunan Tuakan, putra hiji-hijina. Sunan Tuakan makamna di Heubeulisuk desa Cinagerang Kecamatan Tanjungsari ayeuna. Sunan Tuakan kagungan putri hiji, Nyi Mas Ratu Patuakan, anu saterasna ngadeg Raja, ngagentos ramana.
            Nyi Mas Ratu Patuakan kagunga caroge ka Sunan Corenda, putra sunan Parung, putuna Prabu Siliwangi (Prabu Ratu Dewata). Anjeuna kagungan putra istri hiji, jenganan Nyi Mas Ratu Inten Dewata. Dugi kadieu silsilah raja-raja Sumedang Larang teh masih keneh kalebet legendaris.
            Sabada Nyi Mas Ratu Patuakan pupus, digentos ku putrana, Nyi Mas Ratu Inten Dewata tea, (taun 1530-1578). Sabada mangku kaprabon jadi ratu Nagara Sumedang Larang, anjeuna kagungan gelar Ratu Pucuk Umum.
            Ratu Pucuk Umum nikah sareng Pangeran Kusumahdinata, putra Pangeran Pamelekaran (Dipati Teterung) putra Aria Damar Sultan Palembang, tapi aya terah Majapahit. Ti pihak ibuna, Ratu Martasari/Nyi Mas Ranggawulung, turunan ti Sunan Gunung Jati (Syarif Hidayatulloh) Cirebon.
            Ku ayana pernikahan Ratu Pucuk Umum ka Pangeran Kusumahdinata tea, mangkas jaman (agama) hindu di Sumedang Larang, serta mimiti sumedab agama Islam. Dina mangsa harita Karajaan Sumedang Larang di pindahkeun di Ciguling ka Kutamaya (taun 1530). Wates ti kulon Pajajaran Galih Pakuan, sedengken wates ti wetan Negara Galuh.
            Pangeran Kusumahdinata kenging julukan Pangeran Santri, dumeh wedalan ti paguron agama islam, anu aya di Cirebon. Teras jadi gegeden di Nagara Sumedang Larang, malah anjeuna pisan anu nyebarkeun agama islam di Nagara Sumedang Larang.
            Ti Pangeran Santri, Ratu Pucuk Umum ngagelarkeun rundayan genep, nyaeta :
1.      Pangeran Angkawijaya (engkena katelah Prabu Geusan Ulun).
2.      Kiai Rangga Haji, anu naklukeun Aria Kuda Panjalu ti Narimbang, sangkan nganggem Agama Islam.
3.      Kiai Demang Watang di Walakung.
4.      Santowaan Wirakusumah, anu ngagelarkeun putra putu ti Pagaden, jeung Pamanukan, Subang.
5.      Santowaan Cikeruh.
6.      Santowaan Awiluar.
Ratu Pucuk Umum sareng Pangeran Santri, dimakamkeun di Gunung Ciung Pasarean Gede, di Kota Sumedang ayeuna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar