Rabu, 29 Oktober 2014

Muasalna kecap SUMEDANG




            Nu jadi poko ngadegna Nagara Sumedang Larang nyaeta prabu agung resi cakrabuana, nu katelah prabu tajimalela atanapi batara tungtang buana. Prabu tajimalela teh nyaeta putrana guru haji putih, ari guru haji putih teh putrana prabu komara.
            Prabu tajimalela kantos sasauran “INSUN MEDAL, INSUN MADANGAN” hartina (kaula bijil, kaula nyaangan). Ari ngaran SUMEDANG dicokotna tina kecap Insun Madangan, IN dihareup jeung AN anu ditukang dipiceun, tinggal kecap SUN jeung MADANGAN. Jadi lamun ditulis SUN MADANGAN. Eta kecap lamun dibaca gancang  jadi SUNMADANGAN. N leungit jadi M. A jadi E. Jengglek weh jadi kecap SUMEDANG.
            Aya oge anu nyebatkeun yen kecap SUMEDANG teh asalna tina kecap INSUN MEDAL. Insun jadi SUN. N na robah jadi M asup kana kecap anu kadua, nyaeta MEDAL, L leungit diganti ku NG. Jadi kecap SUMEDANG.
            Papadaning kitu, dugi ka denget ieu teuacan aya anu ngaluntik kecap SUMEDANG numutkeun etimologi atanapi jangkar kecap anu ilmiah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar