Sabtu, 29 April 2023

ISI PEPATAH PANGERAN ARIA KUSUMADINATA (Pangeran Sumedang Larang)

 

“BARIS KA SAGALA BARUDAK SUNDA”

            Aing neneda ka Gusti Nu Maha Kawasa moga-moga ati maraneh dibukakeun kana panemu (elmu), lamun maneh ngadenge papatah anu hade supaya tereh ngaharti sumawona kana papatah-papatah nu geus sababaraha taun di papatahkeun supaya di imankeun wanti-wanti pisan.

Paneda aing ka Gusti Allah supaya maraneh pinaringin kabungahan jeung rejeki di dunia ieu tepi kana poe bungsuna (ajal), serta muga dijauhkeun tina bahla jeung pinaringa umur panjang, kitu deui masing runtut rukun jeung baraya maraneh, muga ulah  aya saurang oge maraneh nu eureun mikaheman sakabehna nu maparin ganjaran ka maraneh.

Cekel papatah aing ieu, supaya ulah aya saurang oge tina antara maraneh nu boga ati bingung lamun matak manggih bahaya nu kasebut didieu, karena papatah aing ieu nyaeta buktina nu di paparinkeun ku urang sarerea. Sarta lamun aing nerangkeun ka maraneh buktina tea, nyaeta saestu-estuna didatangkeunana ku Nu Maha Kawasa.


Puguh maraneh dikawasakeun pikeun bisa narima isarat nu didatangkeu ku Gusti Allah ka maraneh.

Maraneh bisa maksa ngeureunkeun kalakuan nu goreng, karana Gusti Allah nu Kawasa nuduhkeun kana anu mulus kamaraneh dipilampah didunya ieu.

Tangtu maraneh jadi conto pikeun diturutan ku sasama maraneh jeung tangtu sakabehna manusa saruka eun ka maraneh.

Sarta beh dituna maraneh ngarasa bagja nepi ka anak incu.

Maraneh sarerea anu saendengna pada narimakeun kana maksud aing tea, aing nyerenkeun eta papatah aing anu apnungtungan sakedeha polah, karana aing ngarasa geus kolot moal sabaraha deui nya umur.

Kulantaran tulisan aing ieu supaya mangke dimana urang geus papisah, muga-muga maraneh jadi jalma palinter, bisa ngaji jeung ngingetkeun carita ieu, dipikir beurang jeung peuting.

Jeung beh dituna muga-muga maraneh bisa nurutan karuhun maraneh muga-muga bisaeun mindahkeun naon kakurangan diri maraneh muga salawasna diraksa.

Lamun maraneh geus ngarasa kapapatenan dulur cara aing kapapatenan ku karuhun aing, poma maraneh ulah rek poho ngahormat, nulungan jeung nurut nu wajib pikeun maraneh narandakeun jalan kabeneran sajalan ku jalan sejen.

Eta panghormat aing anu panungtungan ka maraneh, samemehna nyawa aing dipundut ku Nu Kagungan.

Ku sabab eta nyawa aing moal era ku bangsa sasama aing, yen aing geus ditakdirkeun ku Gusti Allah dilantarankeun pitulungna Kangjeng Gouvernement dijadikeun peurah mamatahan jeung ngajak ka maraneh sarerea.

Sakitu eta pamenta aing, ka maraneh sarerea supaya diturut.


PANGERAN ARIA SURIA ATMAJA.

*(disalin kana ejahan anyar tina buku “DITIUNG SAMEMEH HUJAN” ku Yayasan Pangeran Sumedang)

*(di tulis ulang ke ejahan baru dari buku “DITIUNG SAMEMEH HUJAN” oleh Yayasan Pangeran Sumedang)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar