Sabtu, 14 Maret 2015

PAMENTA TILU RUPA (Dongeng Sunda)



            Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carekna dahar isuk henteu sore teh lain bobohongan. Ari pagaweanana sok buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawena kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh. Ari buruhanana dina sataun teh pare 50 geugeus, ditmbah ku bekel dahareun mun rek ngangon.
            Demi dunungan jalma beunghar kacida. Tapi koretna kabina-bina, jaba licik. Ka pangangonan teh ngan minteran bae. Saupamana anu ngangon domba arek ngangon domba ka pangangonan, dibekelan teh ngan sangu bae jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibere deungeun sangu anu ngareunah.
            Mun geus usum panen, nu ngangon teh dibere pare buruhanana tea. Tapi pare nateh dipilihan anu gambrang pisan. Atuh barang dijual teh hargana teu sakumaha. Teu mahi pikeun meuli baju-baju acan. Munasabah bae mun tukang angon teh papakean geus ruabat-rabet siga nu gelo bae.
Sakali mangsa eta tukang ngangon teh gering tepi ka teu bisa ngangon. Tapi, ku dunungan nateh teu diurus.
Barang geus cager sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, ka dununganana menta kadaharan. Tibatan mere mah dununganana kalah nyarekan. Majar teh, “can digawe geus hayang menta dahar!”
Antukna eta tukang ngangon teh musapir. Manehna prihatin liwat saking serta ngenes dina jero hate. Beurang peuting manehna neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang hakaneun, teu kurang pakeeun. Ku tina nyeri hate, maneh na tuluy miceun maneh ka leuweung, teu dahar teu nginum.
Barang geus beunang sababaraha poe, manehna kasarean ti beurang. Handapeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu tilu siki. Kawas muncang, baruleud, sarta laleucir. Teu kira-kira manehna kagetonan “na, saha anu neundeun ieu batu teh, da tadi mah euweuh?” pokna.
Sabot kitu kadenge aya sora euweuh rupa. “ujang, kusabab maneh sakitu prihatina, ayeuna pamenta maneh dikabulkeun. Maneh meunang menta tilu rupa. Pek rek menta naon bae oge. Dina sakali menta, eta batu kudu di alungkeun hiji!”
Tukang angon liwat saking atoheunana “nuhun Gusti, nuhun!” pokna bari nyembah-nyembah.
Tidinya, tukang angon tuluy balik ka lemburna, sa jajalan teu weleh imut sura-seuri sorangan bari mikiran rek menta naon. Ceuk gerentes hatena, “kahiji aing rek menta beunghar. Kadua, tek menta jadi raja. Lantaran beunghar oge lamun teu agung mah tara dihargaan. Katiluna aing rek menta loba anak, sangkan bisa nuluykeun raja jeung kabeungharanana.”
Sadatangna ka imahna, manehna rek nyoba menta beunghar. Tapi tuluy kapikir rek menta duit bae. Da mun tea mah tuluy dibere kuda, sapi atawa ingon-ingon, kacida rencedna da kudu dijual heula. Ari loba duit mah apanan hayang naon bae oge bisa. Tapi manehna kacaletot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok teh bet hayang loba ceuli. Barang keleweng teh batu dialungkeun, ngan breng bae awakna pinuh ku ceuli. Meni kawas tunggul anu pinuh ku lember.
Tukang angon gogoleran ceurik, awahing ku gila nenjo awak sorangan. Handeueuleun deuih lantaran pamenta anu kahiji geus mubadir. Barang geus leler, manehna mikir deui. Ceuk gerentesna “ah keun bae henteu jadi raja oge, heunteu boga anak loba oge, asal jadi beunghar we. Tapi ceuli anu matak pikagilaeun teh kudu leungit heula!”
Keleweng manehna ngalungkeun deui batu anu kadua, menta sangkan ceuli anu rimbil dina awakan leungit kabeh. Les bae ceuli teh leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Tukang angon kacida bungaheun sarta niatna rek ati-ati pisan dina nepikeun pamenta anu katilu.
Tapi ras manehna inget kana ceuli manehna anu dua, ari dicabak bet ngilu leungit. Puguh bae kageteun tukang angon. Atuh ngan hing deui bae, manehna ceurik, leuwih nyeri batan anu tadi. Sabab pamenta kari hiji deui.
“kumaha ayeuna aing? Lamun menta beunghar, meureun aing jadi jalma tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun menta didatangkeun deui ceuli, aing meureun angger malarat.”
Saeunggeus bingung mikiran nasib, bet datang ilham dinu pikiran anu beresih “leuwih hade aing didatangkeun deui dua ceuli anu asal, da ceuk kolot oge apanan awak anu walagri, sehat bari jag-jag waringkas, leuwih utama batan kakayaan. Sarta saeustuna jalma anu beunghar teh nyaeta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna. Kawas aing, da geus milikna jadi jalma malarat, euweh sisit beunghar, nya rek ditarimakeun bae. Hanas eta teu boga dahareun, pakeeun, nya rek ikhtiar bae, da awak lengkep keneh, tanaga gede. Mending neangan bae dunungan anu bageur!” pokna.

1 komentar: