SAKECLAK CITANGIS (CARPON SUNDA)
Kamis, 03 September 2015
Tulis Komentar
Ceuk
paribasa “halodo sataun lantis ku hujan sapoe. Mangsono mangtaun taun cageur ku
tepung sapoe. Kakeuheul nu sakumaha gedena leungit ku sakeucap hampura”.
Kuring
nu salah. Sanajan nyoba neangan nu rek ngabela, angger kuring nu salah. Teteh
lanceuk kuring sama sekali teu nyahoeun. Nya kajadian naon anu tumiba ka
kuring, adina. Adi nu ngan hiji-hijina. Adi anu saurna kacida di areup-areup
sakulawarga. Adi anu kacida dipikanyaahna ku Teteh. Tapi bet jadi adi anu teu
boga perasaan. Kuring nu salah.
Saur
dongeng Ema, Teteh teh disangka rek nunggal. Geus umur ampir lima taun, tacan
wae katinggal rek raian. Ema jeung Bapa henteu ngaraos hemeng, da Teteh kakara
gelar kadunya, dina yuswa pernikahan aranjeuna nu kalima. Padahal boh ti Ema
boh ti Bapa, papanda “rendey”. Bapa kagungan saderek salapan, Ema sawelas tapi
pupus dua nuju orok keneh. Sanajan ti duaan, Emang jeung bibi teh harita mah
kari setengahna deui. Sawareh tos ngantunkeun.
Sanajan
adi lanceuk pet ku hinis, kuring jeung Teteh kacida bedana. Boh dedegan, boh
kalakuan estu teu ngaharib-harib adi lanceuk. Teteh salirana alit, pakulitan
hejo carulang, ari kuring jangkung, pakulitan bodas, Teteh lungguh, timpuh,
tara seueur carios, ari kuring lincah, resep ngobrol resep ulin. Malah saur Ema
keur budak mah rada jalingkak. Tomboy meureunan.
Minangka
anu sarua teh panon jeung irung. Sarua ngala ka Ema jeung Bapa. Soca Ema
ceureuleuk, ari pangambung, Bapa anu mancung. Ari buuk mah beda, kuring jocong
ngala ka Bapa ari Teteh galing muntang siga rambut Ema. Ku lantaran Ema jeung Bapa
kagungan usaha, kana toko sembako jeung matrial katut heleuran beas, kuring
gede jeung Teteh katut pangasuh, da aranjeuna sibuk di tempat usaha tea. Kalan
kalan dibawa ka toko ku Bapa atawa ku Ema.
Kaka
teh urang lembur tatangga, kahalangan ku salembur. Ngan sakola ti kota jeung
eyangna ti rama. Basa mulang ka lembur, tepung jeung Teteh. Teu kaciri
hahadeanana ge, bubuhan Teteh mah lungguh, tara cuih kawas kuring. Nyaho-nyaho
kaka rek ngalamar, sanajan kuliah keneh.
Basa
si kaka, ngalamar, kuring sakola keneh di SMP. Teteh nikah dina yuswa 20 taun,
kaka 22 taun, ari kuring kakara 15 taun. Bubuhan putra cikal, Bapa sareng Ema
hajat enyaan. Malahan nanggap jaipongan jeung dangdutan sagala. Beurangna
resepsi, peutingna hiburan. Ibur atuh salembur ge, panganten meni nurubcepu nu
geulis nyanding nu kasep. Ongkoh juru riasna ge nu geus kasohor. Seep kapanuju Bapa
ka kaka teh, kasep, sopan, nyantri jeung pinter.
Ngan
saminggu ti tas pangantenan Teteh dilembur teh. Da saterusna diboyong ku kaka
ka kota. Kuring ceurik eueurihan. Asa rek dicabut nyawa. Atuda ti bubudak di
asuh ku Teteh, tara pisah. Ari ayeuna anjeuna ninggalkeun. Meunang saminggu
kuring numpi we dikamar, inget wae ka Teteh, sanajan geus usum HP, tapi
mimindengan namah gejed da sok mindeng taya sinyal. Pikeun ngalelemu hati tina
kasono, kuring sok nelepon, ari sono-sosno teuing mah kuring sok ngahagal ka
kota jeung Ema. Teteh bingaheun pisan dilongok teh.
Ngan
dua kali tepi ngendong mah. Sakali basa kaka wisudaan, marengan Teteh ka
kampus. Kadua kalina basa Teteh orokan ku nu cikal. Etamah aya samingguna
maturan Ema. Kabeneran kuring kuringna keur libur panjang. Sanajan betah keneh
jeung libur aya keneh, kuring kudu balik, ngagentenan padamelan Ema di lembur. Teteh
can ludeungeun ditinggalkeun ku Ema ngurus orok.
Kasedih
pisah jeung Teteh rada kabangbrangkeun basa kuring geus ka SMA. Aya tetenjoan
ka jajaka, sanajan masih keneh semet leuleupeutan leuleumeungan. Tapi basa
lulus ti SMA mah mimiti rada serieus. Aya kang A anu ngeusian hate, kacinta teh
asa geus di tamplok keun ka manehna. Malah geus ngukir impian pikahareupeun mun
pareung hirup paduduaan teh teh.
Tapi
hareupan teh peunggas basa hiji mangsa manehna nyarita, geus dijodohkeun ka
mojang anu masih keneh katalian ku babarayaan. Ceunah teu bisa ngejat, da
indungna geus neundeun jangji ka indung eta awewe, rek bebesanan. Ongkoh Bapana
kahutangan budi ti bareto keneh. Kuring teu bisa narima alesan maneh na, angger
nyeri hate. Kabeneran lembur kuring padeukeut jeung leumbur eta awewe teh. Basa
manehna rek pangantena kuring “kabur” ka Teteh.
Heunteu
cacarita ka Teteh mah yen kuring keur patah hati. Anjeuna bungaheun da
kabeneran geus bulan alaeun ku putrana nu kadua. Kuring jeung Ema nungguan Teteh.
Tapi basa Teteh geus salamet ngalahirkeun orok, Ema mulih da seueur padameulan.
Kuring kapapancenan maturan maturan Teteh ngasuh Si Cikal. Kaka pulang anting
ka rumah sakit, tepi ka Teteh mulih ka bumi.
Kabeneran
ku Teteh di andeug maturan. Ku Si Kaka mah kuring di hatean kuliah, tapi teu
purun. Mending ngiluan kursus kecantikan wae, rek muka salon jaga di lembur,
ceuk kuring. Ku Teteh di titah daftar ka hiji salon kageulisan nu kajojo. Nya
didieu mamala teh datangna. Teuing kumaha mimitina, kuring jadi resep ka Si
Kaka. Kaciri anjeuna teh awet ngora, malah asa beuki kasep wae. Tina resep aya
rasa nu sejen lamun sakalina paamprok teuteup.
Sanajan
teu neupi ka ngalakukeun pagawean nirca, kuring tetep ngarasa dosa. Dina hate
anu pengjerona aya rasa hayang ngarasaan nimatna cinta. Rumasa ngahaja ngagoda
Si Kaka. Kuring nu keur sumedeng mekar, ari lanceuk kakara hudang ngajuru.
Kawas rek kagoda salaki lanceuk teh. Peuting harita balik les, kuring dijemput
ku kaka kana motorna sakalian mulih ti kantor. Leungeun nangkel kana cangkengna,
kalah terus dicekel ku Si Kaka.
Ngan
salengkah deui kajadian angkara murka teh bakal karandapan. Tapi kaka sadar,
terus istigfar. Isukna kuring terus purat perot balik ka lembur. Era, kudunamah
kuring nu sadar teh. Hoream tepung, kuring ngilu ka bibi, raina Ema di kota B.
Akon-akonna hayanng neruskeun les kecantikan, bari praktek, da bibi muka salon,
meunang tilu taun ti ditu. Teteh mindeng neleponan, sono cenah, tapi
sabisa-bisa ku kuring tara ditembalan, nyebut sibuk we.
Lebaran
taun ieu mah kuring kudu mulang, da geus dua taun teu silaturahmi. Teu kaampeuh
kuring ngarangkul ka Teteh. Kasono anu sakitu lilana asa cageur ku usap
deudeuhna. Sanajan heunteu cacarita, kuring yakin Teteh uningaeun kana kalakuan
kuring. Anjeuna surti kunaon kuring “kabur ngajauhan. Sakeclak citangis
ngabarung harewos deudeuh, asa nyageurkeun hate tina rasa dosa anu sakitu
lilana nyangkruk dina hate nu pangjerona. Saeunggeus kuring rarabi, leungitna
pisan mah rasa era teh.
source.Galura
Belum ada Komentar untuk "SAKECLAK CITANGIS (CARPON SUNDA)"
Posting Komentar