Selasa, 10 Maret 2015

DALEM BONCEL (DONGENG SUNDA)




Dalem Boncel teh Bupati Caringin, Banten. Kacaturkeun, harita anjeuna nuju moyan di taman kadaleman. Teu lila, jol aya pangiringna laporan.
“aya naon, euy?” ceuk Dalem Boncel.
Pangiringna ngajawab, “aya tamu, juragan. Ngangkenna ti Kandang Wesi. Saurna anjeuna nuju milarian putrana anu jenengan boncel”.
“naon?”
Kacida reuwasna Dalem Boncel teh. Gancang bae muru ka padaleman, nepungan tamuna. Ari breh, nyampak aki-aki jeung nini-nini. Kaciri ti lemburna teh. Papakean kacida basajana. Awak geus kacida rangkebongna, tayohna lantaran hirup sangsara. Mamawa bubuntelan butut, teuing naon eusina.
Ras Dalem Boncel kana lalakon hirupna. Manehna baheula kabur ti lemburna, lantaran teu betah dicarekan bae ku dununganana nu sok nitah ngarit. Batan ngabatin, manehna tuluy indit, teu bebeja-bebeja acan ka kolotna anu hirupna kacida sangsarana. Susuganan ti lembur batur pinanggih jeung kasenangan.
Kaburna nepi ka Cianjur. Dalem Boncel digawe jadi tukang bebersih istal, alias kandang kuda, kagungan Juragan Kapala. Lantaran dalit jeung budak Juragan Kapala, tur disina ngabaturn mun keur diajar, Dalem Boncel nepi ka bisa maca jeung nulis. Malah bisa nyieun surat sagala.
Nempo kapinteranana, Juragan Kapala ngangkat Dalem Boncel jadi juru tulis. Dasar nasib kudu mujur, karirna tuluy nanjak, jadi kapala gudang, jadi patih, malah antukna jadi dalem di Caringin.
“ke,ke,ke...” kitu gerentes Dalem Boncel. “bisa jadi ieu teh indung bapa aing nu baheula ditinggalkeun. Tapi lamun aing ngaku yen ieu teh indung bapa aing, beu nya rek disimpen dimana ieu beungeut. Meureun ceuk batur teh, dalem nu majar menak, horeng anak jalma susah tilembur. Cilaka!”
Ari Si Aki jeung Si Nini, barang nempo raray Dalem Boncel, geus teu sak deui, mun eta teh enya anakna. Nu matak, Si Nini langsung ngarontok “ujaaang, anak Ema!”
Tapi sakilat Dalem Boncel ngagiwar. Pokna teugeug, “heh Nini, Aki, nya saha maraneh teh? Wani-wani rek ngarontok dewek? Dewek teh dalem, nyaho!”
Si Aki jeung Si Nini colohok, teu sangka dalem rek kasar kitu. Pok si Aki nyarita leuleuy, “kasep. Sanajan Bapa geus lila teu panggih, da asa moal kapalingan tetempoan, mun hidep teh putra Bapa jeung Ema!”
Dalem Boncel ngareret ka para pangiringna anu colohok mata simeuteun. Harga dirina asa dihina. Pokna sugal, “aki, dimana teuing aya dalem boga kolot sangsara model maraneh. Ayeuna indit! Indiiiit! Teu sudi aing boga kolot kawas aranjeun!”
Bari nalangsa, Si Aki jeung Si Nini ninggalkeun padaleman, ret deui ret deui ka Dalem Boncel. Nu ngabadega nulak cangkeng. Duka ngaleos kamana Si Aki jeung Si Nini teh, da ku Dalem Boncel teu dipalire deui.
Meureun asa kalepasan omong, ti poe ka poe Dalem Boncel jadi loba nguyung. Awakna beuki begung, da kana barang dahar oge kurang. Antukna brek gering, diriung-riung ku para pangiring. Tinu kulitna, bijil kesrek, nyaksrak ka sa awak-awak jeung ateul kabina-bina.
Waktu gering beuki parna, taya deui nu disambat iwal indung jeung bapana, anu boa aya dimana. “Ema, Bapa, abdi hampura...!”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar