Minggu, 05 April 2015

PENGERTIAN GUGURITAAN


          
Guguritaan teh kagolong kana puisi, nyaeta wangun sastra anu kauger ku patokan-patokan. Conto puisi sejen nyaeta sisindiran, jangjawokan, kakawihan, pupujian, jeung sajaba ti eta.
Ceuk Ajip Rosidi guguritaan teh pangaruh ti Mataram, Jawa. Populerna jaman samemeh perang. Harita mah loba pisan karangan atawa buku guguritaan anu terbit. Ku populer-populerna, nulis surat oge jaman harita mah loba nu disusun make guguritaan. Tapi sabada aya sajak anu sok disebut puisi modern, kabiasaan ngarang guguritaan teh atawa anu sok disebut ngadangding mimiti ngurangan.
Parandene kitu, sok aya keneh ayeuna anu ngadangding, boh keur muat keuneun dina koran atawa majalah, boh keur buku keuneun. Upamana aya buku Jamparing Hariring, kumpulan guguritaan Dedy Windyagiri nu diterbitkeun taun 1991. Aya deui buku guguritaan Munggah Haji karangan Yus Rusyana nu terbit tauh 1995. Dyah Padmini nulis buku Jaladri Tingtrim, nu terbit taun 2000.
Guguritaan teh puisi nu di anggit make patokan pupuh. Ari pupuh jumlahna aya 17, nu populer diantarana bae kinanti, asmarandana, sinom, dangdanggula, pangkur, mijil, jeung wirangrong. Eta nu 17 teh boga watek jeung patokan sewang-sewangan.
Lian ti guguritaan, karangan anu disusun make patokan pupuh teh aya deui, nyaeta wawacan. Bedana, guguritaan mah siga sajak, pondok bae jeung biasana ditulis dina hiji atawa dua pupuh. Ari wawacan mah panjang jeung ngalalakon siga novel. Pupuh nu digunakeunana dina wawacan mah rea deuih, luyu jeung suasana carita. Malah mah jumlah padana oge aya nu ngaratus atawa nepi ka mangrebu-rebu siga wawacan Purnama Alam karangan R. Suriadiredja.
Tadi tea, guguritaan mah siga sajak, pondok jeung umumna dianggit ku hiji pupuh bae. Eusina biasana ngabrehkeun pikiran, harepan, rasa atawa angen-angen.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar