Translate

CARITA PONDOK (CARPON) SUNDA MISTERI : " NU NGANJANG WANCI SAREUPNA "

GUNUNG Geulis kajeueung ti jauhna pulas bulao, enyaan geulis pisan. Hanjakal manéhna siga keur nalangsa sakumaha nu keur kaalaman ku kuring. Puguh baé kuring ngangres, panon balik deui balik deui ka manéhna. Diténjo téh manéhna ngagentraan kuring bangun sono naker.


”Jalu, ku naon lunta ka lembur batur?” Kuring nyaan sedih, ati peurih lir digerihan hinis, ngilu nalangsa siga Gunung Geulis nu cenah lelembutan kuring di ditu, lembur matuh banjar karang pamidangan, kawas teu dipikanyaah.

Harita téh wanci geus nyedek ka sareupna. Giwangkara geus ngadeukeutan Gunung Geulis, sakeudeung deui tilem. Kanalangsa kuring nambahan, kaheneg wuwuh nyedek. Mun bisa mah hayang ngapung mubul ka alak paul, ngapak méga ka jomantara, narah lunta di lembur batur. Kumaha tuda lakar tanaga budak, bebenjit nu teu walakaya, budak nu ukur diutuh-étah, purah dicarékan, purah diceprét birit jeung bitis, digoéngkeun ceuli katut didegungkeun sirah mun panitah kolot teu diwaro! Teu walakaya.


”Hayu jalu geura mulang!” Gunung Geulis nyalukan deui, lembur kuring nu aya di suku Gunung Geulis némbongan, lembur nu najan sarwa walurat tapi matak betah da kuring dianggap budak nu kudu dipikanyaah ku saréréa, lain pada nyeceléh.

Teu tahan. Hing ceurik satarikna, mudalkeun kaheneg haté. Beuki lila wuwuh rosa, siga aya tanaga tambahan. Téténjoan ujug-ujug poék mongkléng. Gunung Geulis ngiles. Kuring teu walakaya. Leungeun karasa aya nu nitah hojah, laju dipaké neunggeulan bilik imah ua! Teu hayang kikituan da nyeri atuh, tapi karasa aya nu nitah, teuing saha!

”Ku naon sia Kardi?” Kadéngé aya nu nanya. Apal, sora bapa. Ngan anéhna beungeutna mah teu sidik da apan téténjoan ujug-ujug mongkléng. Nya enya da mata kuring peureum, hésé dibeuntakeun, siga ku eureup-eureup. Ditanya kitu, pudingding napsu!

”Aing keur jebléh siah! Hayoh ditanya!” kitu rarasaan kuring ngomong téh, tapi da lain kereteg angen kuring saenyana mah. Piraku kuring wani ngomong kitu ka kolot, sasari gé sok dicarékan, tambahna digoéngkeun ceuli. Culangung pajah téh. Boro-boro ngomong kitu, apanan lamun ditanya bari panon mencrong ka kolot gé geus disentak. Kudu tungkul. Kahayangna kitu téh kudu kitu teu meunang ngabantah.

”Heueuh jebléh téh ku naon?” Bapa bangun kasigeung. Kuring gé nya kitu. Teu antaparah deui, jedak wéh awak bapa diteunggar! Laju diperekpek diteunggeulan. Kuring amuk-amukan.

Teu kungsi lila kadéngé jelema daratang bari silitanya ku naon budak ku naon budak.

”Ku naon Si Ujang, ku naon Si Ujang?”

Téténjoan kuring angger poék, ranyay ku pirang-pirang béntang.

”Aing hayang balik, hayang balik, embung ngajedog di dieu, teu betah!” gorowok deui sungut kuring ngowowong.

”Nyeri, nyeri, nyeriiiiii……!”

”Ku naon Sujang?”

”Hayang balik alah ieung, hayang balik, nyeri, nyeriiii..!” Tanaga beuki rosa. Karasa waruga kuring pada ngarejengan. Tapi kuring motah, motah satakerna. Nu ngarejengan tangka teu tahan da tinggurubug. Karasa nu ngarejengan ngalobaan. Sorangan bari teterejelan téh teu répéh awong-awongan!

Beuki lila tanaga kuring beuki rosa, cacak tanaga budak. Nu ngarejengan méhméhan teu tahan. Sungut kuring gé hantem ngabamblam, tapi da asa lain kereteg angen sorangan jeung teu ngarti naon nu diomongkeun. Sakapeung walahwah-weuleuhweuh, ngacaprak ka mana karep. Baning terus-terusan adug songkol méakeun tanaga, antukna karasa lungsé…..les wé teu inget di nanaon, tibra saré.

Kira tabuh salapan peuting ngulisik, bray beunta. Nu ngarariung sidik. Kayaning bapa jeung indung, ua wéh, nu séjénna mah teu wawuh da urang dinya, tatangga ua meureun. Aya ema-ema, teuing saha. Saurang-saurang nu ngariung téh ku kuring diténjoan. Bangun sararedih, malah indung jeung ua istri mah kaciri nginghak kénéh.

”Geus, geus, geus balik deui,” ceuk si ema-ema téa. Duka saha nu geus balik deui téh.

”Teu nanaon jalu?” Si ema-ema nyagap tarang kuring. Kuring unggeuk.

”Agé sina nginum,” cenah deui. Kojéngkang ua istri nyokot cai, kuring ngalekik nginum da tikoro karasa peureus. Saawak-awak asa remuk, pitunduheun datang deui.

”Ulah diantep ulin di pipir sareupna engké mah!” ceuk si ema-ema deui papagah. Kuring teu ngarti naon maksudna.

”Muhun hapunten Ema, baning répot ku padamelan cul wé budak mah,” témbal ua istri. Teu kungsi lila nu ngariung narungtutan bubar. Reup kuring saré, ngararasakeun kacapé urut amuk-amukan.

Isukna kadéngé ema sareng ua istri keur guntreng ngawarangkong bari diselang-selang inghak.

“Deudeuh teuing anaking…..Ikah anak ua,” saur ua istri.

“Nganjang lain mangsa, atos Nyai, man geura mulih, sing jongjon di ditu,” kadéngé sora indung. Kuring panasaran, ngintip. Bréh di hareupeun ua jeung ema aya kendi, teuing jang nanahaon.

“Rék iraha dibawana?” saur ua istri bari ngasongkeun kendi ka indung kuring.

“Nya énjing baé ku bapa si Kardi.”

“Heueuh kadé poho,” témbal ua.

Ngadédéngkeun nu ngaromong, horéng simanahoréng sareupna kamari téh kuring kasarumahan ku Ceu Ikah cenah. Jol ngenes wé kuring téh, geus moal boa nu séjén gé kitu. Teu rék kitu kumaha da puguh nanasiban Ceu Ikah téh éstu pikasediheun.

Sataun ka tukang Ceu Ikah maot sabada saminggu panganténan. Ari tiwasna éstu pikaketireun, diparabunan ku indung téréna. Kuring teu pati engeuh ngan ceuk carita kolot mah kitu. Ari Ceu Ikah téh anak Mang Mamun, adi indung kuring. Harita mang Mamun beunghar kacida. Jeung indung Ceu Ikah pepegatan, pruk kawin jeung urang Cipajah, randa ngora geulis rupa. Cenah mah Mang Mamun nyerahkeun indung Ceu Ikah gé alatan digoda parabun si randa.

Najan kitu, laki rabina mah kaitung awét da meureun suka meunangkeun nu beunghar. Nalika Ceu Ikah kawin indung téréna taksiran boga pikiran goréng da geus kajudi hartana moal ragrag ka manéhna kabéh, pasti ragrag sawaréh ka Ceu Ikah. Tah basa saminggu tas panganténan kajadianana téh. Ceu Ikah ujug-ujug utah uger, sungutna ngabusa. Cenah mah sabada nginum cikopi anu meunang nyieun indung téréna.

Puguh baé gujrud salelembur éar sadésa pangantén tiwas diéngrin. Pada ngaguliksek, teu ngaku cenah mah. Piraku teuing kitu peta. Ngan buktina mah apan enya Ceu Ikah maot satutasna nginum cikopi tur utah-utahan. Saréréa gé kaleungitan, tuda anak awéwé ngan hiji-hijina. Kuring gé nya kitu kaleungitan da bageur pisan ka kuring téh. Diserahkeun cenah mah pamajikan Mang Mamun téh bari teu dibéré nanaon pisan. Untung sakitu gé teu diperkarakeun.

Kuring nu ceuk si ema-ema kasarumahan ku roh Ceu Ikah téh kajadianana opat puluh taun ka tukang. Geus dewasa antara percaya jeung henteu. Ngan sanggeus meunang katerangan ti nu enya-enya ngarti kana bagbagan agama ngeunaan nu marakayangan, horéng ukur ulon-ulon pagawéan iblis nyiliwuri sétan mindarupa.

”Lamun jiwa urang kosong, ngalamun nu lain-lain, mumuntang salian ti ka Alloh, tangtu jin nu gawé bareng jeung sétan mangarahun jiwa urang,” saur Ustad Asép.

”Dupi arwah nu tos maot?”

”Taya urusan deui jeung nu hirup, angot marakayangan mah!” pokna, bari saurna deui, ”Hartina urang kudu

mayeng ngeusian haté ku dikir ka Alloh, émut ka mantenNa unggal wanci unggal mangsa sahingga bakal bébas tina gangguan mahluk-mahluk sabangsa lelembut!”

Ditéma deui, ”Peuting matak keueung alatan poék mongkléng, leuweung matak geueuman alatan hieum. Bakal tetep kitu karasana, lamun haté urang gé poék jeung hieum ku sabangsaning lelembut!”

Kaharti wéh naon sababna jaman kiwari réa kénéh jelema nu sok kasarumahan da meureun haténa hieum ku kakayon kamusrikan, haténa kosong ku iman ka MantenNa, katambah-tambah haté sumpek, rupek ku pangrobéda hirup. Ning kabéjakeun buruh pabrik kasurupan. Pantes, bangbaluh hirup kacida beuratna, kaheneg nyedek, digawé malaweung, antukna haténa dieusian ku nu marakayangan. Atawa barudak sakola, moal bina ti kitu. Siga kuring harita, pan harita téh keur dibawa nyawah ku kolot ka lembur ua nu sakitu jauhna ti lembur. Sapopoé sok digewokan baé, nyeri haté. Keur mah di lembur batur teu betah, ras ka lembur, sok huleng jentul di pipir imah ua bari ngalamun hayang minggat, hayang balik. Keur kitu meureun arwah pangantén Ceu Ikah nganjang lain mangsa kana waruga kuring. Lain kétang, lain arwah Ceu Ikah, éta mah jin nu marakayangan. Roh Ceu Ikah mah tos mulang ka alam pangkonan Gusti, ”Ya Alloh, mugia pun dulur, Ceu Ikah, dicaangkeun di alam kuburna, ditampi iman Islamna…..aamiin! ***

—————

– Carita misteri ieu tos midang dina majalah Sunda Manglé nomer 2351 (8/12/2011)


source. https://pendicitrawarga.wordpress.com/2020/12/12/carpon-sunda-misteri-nu-nganjang-wanci-sareupna/

XXX damn saya hanya seorang individu yang sedang memahami arti dari sebuah kehidupan, belajar akan manis dan pahitnya dunia dan merasakan arti dari sebuah keluarga dan sahabat tentunya seorang kekasih yang kelak akan jadi ibu dari anak-anak saya.

Belum ada Komentar untuk "CARITA PONDOK (CARPON) SUNDA MISTERI : " NU NGANJANG WANCI SAREUPNA ""

Posting Komentar

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel