contoh drama longser basa sunda
Kamis, 07 November 2013
Tulis Komentar
Judul : RAJA NEANGAN PAMAJIKAN.
Tokoh : 1). Raja : Zaenal Misbah Ibrahim
2.)
Patih : Yudi Mulyadi
3). Penasihat : Asep Alpan Rosadi
4). Pengawal :
5).Istri
Raja : Lina kartini Novia Herdiana
Lianny
Fitriadi
6).
Calon Istri Ke-3 : Santi Widianti
Chandra
Agustiena
Rini
Pujianti
Yeti
Waryati
Mita
Siti Nur Indah
7).
Pasangan Suami Istri : Yogi Rulistiyana
Santika
Suri Nur Indah
8).
Penari : Ai Septiani Nurfalah
Wina
Winarti
Windy
Ameliani Permana
9).
Prolog : Rizky Amalia
Pengering
: 1). Andri Gunawan
2).
Nana Sobarna
Rakyat : all Studnts kelas
Prolog :
Zaman baheula pisan
hirup hiji karajaan anu ngarana karajaan mangku bumi teu kabawa. Dina hiji poe
Raja keur galau manehna mikirkeun hayang boga deui pamajikankeun langsung raja
ngayaken sayambara. Tapi raja gesboga pamajikan 2. , Raja ngayaken meunangkeun pamajikan anyar kumaha
lumangsungna ieu carita, langsung urang tinggali……
Babak I
Dikerajaan
Lina : “akang leres nyah akang the
bade kawin deui?
Zaenal : “muhun nyai, akang the hoyong kawin
deui!
Lina : “nya akang teu karunya
kapamajikan akang nu ngora? Karek oge dikawin 2 bulanku akang the ayeuna akang
bade kawin deui.
Zaenal : “ah nyai karunya – karunya teuing
ambek – ambekan wae pamajikan akang anu ngora mah jadina bosen ka akang na oge.
Liany : “naon akang? Ujug – ujug kitu?
Nya ari nyaho kitu mah mun abdi the tong dikawin atuh!
Lina : “atos – atos eteh ayeuna mah
kumaha akang wae keun ayeuna mah kahoyong na kumaha!
Liany : “lain ku kituna eteh, pan urang
the tos puguh di duakeun terus ayeuna rek ditilukeun? Kawas lotek wae urang the
dikitu kieu?
Zaenal : “geus ayeuna mah kumaha akang wae
anjeun mah kudu nurut kanu jadi salaki!
Raja : “(raja bulak-balik siga anu bingung )
Patih……. Patih…….Patih……. kamana yeuh patih…… Patih….Patih…..(tuluy patih
datang nyampeurkeun)
Patih :
“ Sendikodawu….. Raja…… “
Raja : “kunaon maneh telat patih……. “
Patih : “hampura Raja taditeh keur
Twiteran heula tos Follow awewe geulis”
Raja : “Silaing pagawean ukur
twiteran wae atuh “
Patih :”hampura Simkuring Raja,”
Raja : “Maneh nyaho teu kuring keur
galau”
Patih : “Lamun galau ulah risau make
atuh kartu as.”
Raja : “ ee…ee…. Sipatih ngajak ocon
jeung kami”
Patih : “Punten weh atuh raja, kunon
atuh galau teu boga pulsa nya?”
Raja : “Kieu patih kami teh lain teu
boga pulsa, pulsa mah kami mah loba teu kawadahan..”
Patih :”terus kunaon ???”
Raja :”kieu kami teh hayang boga
pamajikan deui “
Patih :”eh ari raja meuni sarakah
teuing!! Urang ge can boga pamajikan”
Raja :”kumaha dewek weh atuh”
Patih :” muhun
atuh upami raja kahoyongna kitumah kumaha deui atuh….! (trus patih ngageroan
penasehat)
Patih : (penasehat ngarana udin)
“udin….. udin….. kamana ieu si udin”
Penasehat : (penasehat datang
nyampeurkeun si patih) “sendikodawu patih piye kabare….. aya naon… naon… “
Patih :”maneh meni lila teuing atuh…”
Penasehat : “Hampura patih, tadi teh keur chattingan
jeung awewe geulis”
Patih : “Ari maneh pagawean ngan saukur
Chattingan we deuih. Tuh si raja hayangeun kawin deui.
Penasehat : “Gusti eta si raja. Ayeuna dimana si raja
na?
Patih : “Aya tuh, keur mondar mandir
kawas setrikaan titatadi.
Penasehat incah
nyamperkeun Raja.
Penasehat : “aya naon sang baginda maharaja….”
Patih :"kieu raja urang the hayang
deui boga pun bojo, tah manehna maentahkeun ka urang sangkan titah neangan
pipunbojoeun anu bageur, tur loba biasa masak tah kumha carna supaya
meunangkeun pi pamajaikan neun anu
kitu..?”
Penasehat : “lamun ceuk saran urang mah jeung nilik
kana buku catetan ojos marjono mun hayang meunangkeun pamajikan anu bageur
jeung loba kabisamah kudu ngayakeun samacem syaembara ?
Patih : “tapi naon syaembarana???”
Raja :” kumaha lamun syaembarana cena
masak wae….. da boga pamajikan 2 oge teu barisaeun masak….?”
Penasehat :”alus tah upami kitu mah jadi baginda teu
kudu kukulutus lamun bade tuang the…!”
Raja :” lamun kitumah ayeuna silaing
ku kami di parentah nyieun surat syaembara jeung umumkeun ka rakyat…..”
Penasehat raja
tuluy nyieun surat beware jeungeun karakyat pihal aya syamebara pemilihan calon
pamajikan raja anu bias masak tur bageur, teu lila panasehat mangil pengawal..
Penasehat :”pengawal……?
Pengawal :”sendikodawu ….”
Penasehat :”ayeuna silaing umumkeun ka rakyat kabeh
eusi surat ieu”
Pengawal :”sendikodawu….”
Pengawal indit ka
alun-alun kota dibaturan ku pengawal hij deui
Di alun-alun kota
raja loba rakyat anu keur ngajalnkeun aktivitasna…. Dung…..dung…..dung…dung…
sora goong di sadakeun ku pengawal sangkan rakyat ngumpul kabeh……
Pengawal : “dibewarakeun ka sadayana rakyat
dikerajan aya syaembara eukeur pemilihan calon pamajikan raja syaratna kudu
bias masak anu kalayan ni’mat….. saha bae anu rek ngiluan daftar wae ka istana
burit ayeuna tertanda… penasehat raja”
Pengawal anu
ngumumkeun balik deui ka istana ra’yat oge balik deui ka pagaweanana dina
antara ra’yat aya anu simpati jeung ngadukung aya oge anu nyeungserikeun..
Ra’yat :”aya-aya wae boga raja the…. Beuki
kawin hahahah”
Ra;’yat 2 :”he’eh sugan teu sebueh hiji”
Ra’yat 3 :”eta ulah kitu bising kadengeun
pengawal ke di penjara maneh…”
Ra’yat :”is…. Embung can kawin…..”
Ra’yat 3 :he’eh ulah ngomong kitu sa goring-gorengna
raja the eta the pamingpin urang”
Ra’yat 2 :”kumaha maneh pan boga budak rek cena
ngiluan moal”
Ra’yat 3 :”so
pasti atuh lumaya bias jadi mitoha raja mah hahahahaha tah ayeuna geulis maneh
siap’-siap jeungeun daftar di istana”
Di istana sibuk
loba anu ngadaftarkeun diri pengawal oge sibuk cutat-catet
Istri 1 :”naha aya naon rame pengawal…….”?
Pengawal :”aduh gusti permaisuri teu apal yen raja
the hoyong deui nikah….”
Istri 2 :”nu bener (semu nyentak)”
Pengawal :”bener aslina gusti permaisuri..”
Para istri
ninggalkeun tempat pendaftaran langsung ka raja
Istri 1 :”naha bener akang the bade nikah
deui….?”
Raja :”nya teu ninggal tadi diluar….”
Istri 2 :”serius akang….. naha atuh akang
the…. Nya kurang naon atuh………. Naon kasalahan abdi make nepika kawin deui……
(semu sedih bari neteskeun cai panon)”
Raja :”anjeun nyaraho yen kasalahan
anjeun belah mana….?? Kaula hayang meunang pamajikan anu pinter masak eta anu
ku aranjeun teu tiasa….”
Istri 1 :”teu bias kitu atuh akang…..?”
Raja :’geus ieu kaputusan simkuring
anu geus teu bias diganggu mun maraneh heug daek akang akwin deui sukur lamun
embung jig arindit”
Istri raja teu
bias ngalawan kana kaputusan salakina manehna tuluy arindit……
….
Isukna arena
syaembara pinuh ku ra’yat anu lalajo tidinya oge aya calon-calon anu geus siap
mamekeun masakanana hareupeun raja sangan di asaan….
Raja datang di baturan
ku patih jeung penasehat
Patih :”euleuh… siga anu ngeunah kitu
atuh masakan the jadi ngacay atuh……”
Raja :”bener ceuk maneh patih tapi
lain ku tampilana hungkul tapi ku rasana…..”
Penasehat :”bener raja mun kitu mangga atus urang
ngawitan..”
Raja :”ra’yat-ra’yat anu sami hadir
di ieu tempat maraneh bakal jadi saksi yen poe ayeuna bakal ditantukeun saha
anu meunangkeun syaembara ieu……..”
Raja diuk dina
korsi anu geus disayagikeu di baturan ku patih jeung penasehatna……
Peserta 1 :(nyodorkeun masakanana)”mangga cobian
baginda”
Raja :(ungeuk-ungeukan)” sok peserta
anu kadua”
Peserta2 :(nyodorkeun masakanana)”mangga cobian
baginda”
Raja :(ungeuk-ungeukan)” sok peserta
anu katilu”
Peserta 3 :(nyodorkeun masakanana)”mangga cobian
baginda”
Raja :(ungeuk-ungeukan)” sok peserta
anu kaopat”
Peserta4 :(nyodorkeun masakanana)”mangga cobian
baginda”
Raja :(ungeuk-ungeukan)” sok peserta
anu kalima”
Peserta5 :(nyodorkeun masakanana)”mangga cobian
baginda”
Sabada rengse
nyobian kabeh anu di sadiakeun ku para peserta raja maju kahareup…
Raja :”kabeh masakan lumayan peserta
anu kahiji tampilan alus han kurang uyah…peserta ka dua sarua asin teuing…
peserta anu ka tilu rada ngeunah tapi loba teung pecinna…. Anu ka opat kuarang
asak teuing buru-buru teuning cirri khasna tapi anu kalima etamah anu
dipikaharep pisan uyahna pas asakna meujeuhna pokonamah I like it…. Tah kumargi
kitu kaula geus mutuskeun bahwa peserta anu kalmia bakal jadi calon pun bojo
kaula….
Peserta5 ;(semu reuwas jeung bungah)”nya heeh
kuring menag atur nuhun….(ra’yat aya anu mere selamat ka manehna raja nyampeurkeun peserta anu kalmia)
Raja :”timimiti poe ayeuna anjuen
resmi jadi pamajikan kuring……(raja tuluy ngagandeng peserta anu kalima ka
senggasanana bari di iringan ku ra’yat anu baringeheun)>
TAMAT
Belum ada Komentar untuk "contoh drama longser basa sunda"
Posting Komentar