Kamis, 05 Februari 2015

Carita Nyi Roro Kidul Versi Sunda



Ti Prameswari Prabu Munding Wangi kagungan putra istri, kacida geulisna, jenenganana Dewi Kadita. Ku geulis-geulisna dugi ka pada nyebat  Dewi Srangege. Pangna dilandi Dewi Srangege, lantaran rarayna cahayaan kawas panon poe mimiti bijil. Teu kantos lami, Kanjeng Raja kagungan deui putra pameget, namung anu ieu mah ti selir jenenganana Dewi Mutiara.
Teu disebatkeun saha jenengan putra pameget kangjeng raja. Ngan bae Dewi Mutiara ngarasa yakin, sanajan anakna lalaki, salila aya keneh Dewi Srangege jeung Prameswari, pamohalna anakna bisa jadi raja. Ku kituna euweuh deui jalan, lian ti duanana kudu disingkirkeun ti Karajaan. Ngan kudu kumaha carana?
Kabeneran aya anu ngabejaan, di tutugan gunung Parahu, aya hiji awewe tukang tenung sakti, ngarana Nini Jahil. Ngadenge eta beja, gancang ku Dewi Mutiara disina datang. Barang tepung pok nyaritakeun niatna, nyaeta hayang nyingkirkeun Dewi Srangenge katut Prameswari.

“Kumaha sanggup?” ceuk dewi Mutiara
“Tai ceuli atuh kitu mah,” jawab Nini Jahil
“Tapi entong dipaehan” cenah deui
“ulah hariwang,” Nini Jahil siga nu yakin. Maksud manehna, anak jeung indungna arek ditenung supaya beungeutna ruksak. Ingetanana ari beungeutna ruksak mah, pasti ku kangjeng raja diusir, lantaran dianggap wiwirang keur Karajaan.

Kacaritakeun dina hiji peuting, waktuna pangeusi karaton sarare tibra, Nini Jahil asup ka jero karaton. Dasar tukang tenung sakti, euweuh saurang oge anu nyahoeun. Para Ponggawa nu ngajaraga  kabeh sarereana kawas bangke, gara-gara elmu sirep Nini Jahil.

Sup manehna ka pangkuleman Prameswari, serta terus ngaluarkeun elmu tenung na. Ku matih-matihna elmu tenung Nini Jahil. Harita keneh pamanteu Prameswari pinuh ku bisul. Teu kaop katoel saeutik, langsung kaluar getih campur nanah, bauna kaambeu hanyir.
Beres Prameswari, giliran Dewi Srangenge. Ieu oge sami sakedet netra pisan. Pameunteu anu sakitu geulisna, robah jadi goreng patut. Pinuh ku koreng, borok, jeung bisul laleutik.sarua deuih teu kaop katole meueusan, bijil nanah campur getih, bauna semu hangru.
Saeunggeus narima buruhan, Nini Jahil buru-buru balik. Teu kungsi lila Dewi Srangenge gugah, margi ngambeu babauan, serta ahirna uninga, asalna tina pameunteu anjeuna. Bakating ku reuwas, Dewi Srangenge ampir-ampiran ngajerit. Ras emut ka ibuna, buru-buru digugahkeun. Pameunteuna sami ruksak, serta ngaluarkeun babauan anu teu pararuguh.

Indung jeung anak antukna paungku-ungku, samemeh sasarengan angkat ngantunkeun karaton. Pangemut anu duaan, jeung nanahaon aya di karaton, lantaran boga beungeut beda jeung batur. Tibatan diusir ku Kanjeng Raja, mending miheulaan kabur ti nagara.

Duaan nana ampruk-amprukan teu puguh anu dituju, sakali mangsa jog ka hiji patapaan. Bubuhan pandita sakti, pribumi langsung uninga, saha awewe anu sarumping teh. Atuh teras ku anjeuna diangken, malah dianggap putra jeung putu. Mung hanjakal Ki Pandita heunteu bisa ngalondongan panyawatna. Eta rupina pangna Prameswari brek teu damang wales, tug dugi ka pupusna.
Kumargi terang saha anu boga dosana, Ki Pandita lajeng ngutus maung kembar, sina ngahukum Nini Jahil. Duanana teu meunang balik, salila tukang tenung jahan aya keneh dikieuna. Teu kungsi lila, di tutugan Gunung Parahu guyur, Nini Jahil kapanggih geus jadi bangke. Beungeutna jeung awakna ruksak, kawas tapak kuku maung.

Di kantun pupus ku ibuna, Dewi Srangenge teu kiat lami-lami aya ti patapaan. Wengi-wengi anjeuna rerencepan kabur. Saleresna Ki Pandita sanes teu uninga, putu angkatna kabur ngantunkeun patapaan. Namun, tibatan manah Dewi Sarangenge teras sedih, emut bae kanu tos ngantunkeun. Mending antep, sina milari pangalaman. Saha nu terang bakal pinanggih jeung kabagjaan.

Caturkeun Dewi Srangenge angkat heunteu puguh anu dijugjug. Saban ngalangkungan leuweung, anjeuna ngarep-ngarep maot dihakan sato galak. Tapi, sakitu mindeng pasarandog, boro-boro aya anu daek ngahakan, kalah paheula-heula nyingkir. Duka padah teu tegaeun, nempo waruga nu sakitu ruksakna, duka teu kuat ngambeu bauna.

Lami-lami dewi Srangenge jog anjog ka basisir laut kidul. Ku margi ngaraos bingung, kamana kedah neraskeun laku, anjeuna liren sakanteunan ngareureuhkeun kacape. Reup kulem tibra naker.

Sabot kulem, sumping impenan, anjeuna ditepangan hiji aki-aki. Eta aki-aki pok sasauran, kieu cenah “deudeuh teuing incu Aki, nu geulis kedah ngalaman hirup sangsara. Ayeunamah geura gugah, heug siram dina cai laut. Engke sagala rupana baris balik deui sabahari. Rengse siram ulah kamana-mana, margi bakal aya satria anu ngajak nikah.”

Tamat aki-aki sasuran, Dewi Srangenge gugah. Luak-lieuk teu aya sasaha. Iwal aya laut anu kacida legana. Ombakna siga nu ngagupayan, sangkan anjeuna enggal-enggal siram. Dewi Srangenge gebrus ibak kokojayan. Cai laut asin teh karaosna asa seger. Anehna unggal anjeuna ngusap raray, urut borok reujeung bisul, harita keneh langsung beresih.

Kasauran aki-aki teu lepat, pameunteu anu geulis bersih deui. Sinarna moncorong kawas panon poe kakara medal. Kantenan Dewi Srangenge pohara bingahna. Anjeuna ampir-ampiran heunteu percanten., kana akajadian anu sakitu matak anehna.

Wareg siram kokojayan, lajeng ngeunteung kana beungeut cai. Katinggali rarayna herang ngagenclang herang. Nurut kana kasauran aki-aki dina impenan. Anjeuna hente kamana-mana deui. Damelna ngantos kasumpingan satria anu ngajak nikah tea.

Ngan naha atuh anu dianntos-antosna teu daek sumping. Sadinten dua dinten, Dewi Srangenge tiasa keneh nahan kasabaran. Saminggu, dua minggu, sa sasih, dua sasih, Dewi Srangenge seep kasabarannana. Lami-lami timbul bendu, margi asa dibohongan. Tungtungna jleng luncat kalaut maksad bade luluasan, milih neuleumkeun maneh ka laut. Sukur-sukur mun dihakan hiu raksasa.

Tapi cai laut kalah nyalingkir. Nya kitu pangeusina, daratang ngabageakeun. Tungtungna Dewi Srangenge diangkat janten ratu, nelah Nyai Ratu Roro Kidul.
Sanaos kitu, anjeuna tetep panasaran, palay tepang sareng satria nu dijangjikeun tea. Cai laut terus di ubek, niat milarian satria. Eta sababna pangna laut kidul kasohor gede ombakna, lantaran hayoh wae diubek-ubek ku Nyi Roro Kidul.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar