Jumat, 06 Maret 2015

CONTOH GUGURITAN




CONTOH GUGURITAAN  1
ASIH INDUNG
(Resmiati)
Nelengnengkung asih indung
Nu ngayuga beurang peuting
Beurang dijaga kamelang
Peuting dijaring kaeling
Muga manja dina beurang
Muga eling dina peuting
                        Nelengnengkung muga nanjung
                        Indung nu ngaping ngajaring
                        Masing bisa ngawang-ngawang
                        Ngalingling di inidung peuting
                        Ngalanglang di mega malang
                        Ngapung dilangit awaking
Anaking ketug jajantung
Getih indung anu wening
Napas ema anu herang
Ulah rek rungsing ku peuting
Siga tahan ku panas beurang
Dunya pinuh ku tarucing
                        Hidep kudu bisa neguh
                        Eusina masing kapanggih
                        Hidep teh geura tatahar
                        Keur bekel dialam lahir
                        Sing bisa muka siloka
                        Warisan ti nini aki
                                                Hirup lir tumpak parahu
                                                Nu ngangkleung tengah jaladri
                                                Nataran ombak sagara
                                                Mun bisa ngajaga diri
                                                Hidep mo katalangsa
                                                Bisa waluya walagri
(Sumber. Buku guguritaan, penerbit Kiblat, tahun 2011, hal. 115)

CONTOH GUGURITAAN 2
NIMAT TEUING CAI JAMJAM
(Yus Rusyana)
Herang teuing cai jamjam
Diuyup karasa tiris
Meni nyecep kana badan
Nyerep kana tulang sendi
Saregot tambah deui
Mepes kesang anu juuh
Lantaran leumpang gancang
Urut tawap ujag-ijig
Awak seger karasa jagjag waringkas


Nimat teuing cai jamjam
Pusaka nabi Ismail
Jeung Ibuna Siti hajar
Anu halabhab nunggeulis
Turun milari cai
Ka lengkob batu taringgul
Ihtiarna ijabah
Tina lemah bijil cai
Cai jamjam sapanjang jaman teu saat

Ku bagja teuing jamaah
Nu kiwari munggah haji
Tinggal regot mun hanaang
Teu hese neangan cai
Teu kudu nimba deui
Cai jamjam ngocor ngucur
Diinum juta jalma
Dibekel ka mana mendi
Dibaroro ku sadaya kadang warga

Ku deudeuh teuing Pangeran
Ka mahluk teu pilih kasih
Nyuguhan ku kanimatan
Nimat rasa cai wening
Sareng sadia deui
Cawisan du’a nu nginum
Elmu anu mangpaat
Reujeung kajembaran rijki
Cageur bageur nugraha kawalargian


Sumber. Buku Guguritaan Munggah Haji karangan Yus Rusyana, Penerbit CV. Geger Sunten Bandung Tahun 1995. Hal. 28-29

Tidak ada komentar:

Posting Komentar